Senin, 19 Juli 2010

FW: [kisunda] Bambang Kombayana ka-12

 

 

B Kombayana nagagalih, hehehehe, ieu si Bhisma, wawanian ngalawan ka aing;
manehna tinangtu kaget. Saha jalmana nu maho ka Kombayana ? hehehehe, Krepa
wae sahandapeun aing, hehehehe, komo ieu si Bhisma. Da mun jago mah moal
Ngulem Krepa jadi Guru di asyina. Saparantos ngagalih kitu enggal anjeunna
ngandika :" Yeuh Bhisma Dewabrata, Satriya ti Astina, pasang kuping biar terang!
tegetkeun ku andika, Kaula nu ngaran Bambang kombayana ti nagri Sabrang Lor.
Moal2 los2 kadieu mun Kaula taya pangabisa."

Bambang Kombayana enggal miheulaan nyerang ka Bhisma, lantaran di manahna
mikir yen anjeunna keur rurusuhan angkat ka Pancala, moal bisa lila2 katahan,
sedengkeun itu deuih aya guruna, nu tangtu leuwih hebat elmuna; jadi maning keneh
dipiheulaan, supaya gampang. Sarengna deui bakal ngirit waktu. Hiyaaat............
mangka waspada Bhisma, ati2 beuheung maneh !" bari ngandika bari teras
panangannana diteunggeulkeun ka na tenggek Bhisma. Eta serangan kalintang cepetna,
sareng kalebet beuret oge, upami keuna tea mah, matak kapidara, boa teras maot.

Tapi Bhisma Dewabrata, tetela sanes  nonoman kacingcalang, nu teu aya daya ; enggal
anjeunna kalawan gesit malincet, teras malik neunggeul ku tapak tangan ka na raray
B Kombayana. Atuh Plak ! Mani tarik pisan; Bambang Kombayana sababaraha kali
tigugulitik; rarayna aya tapak ramo. Untung teu kalenger oge.

Kombayana kaget pisan, manahna. "E eh, ieu si Bhisma, nyata jago; leuwih hebat
ti batan Krepa. Kurang ajar; geus kapalang wirang ku aing rek diperangan. Nu bakal
nangtukeun saha asor, saha meunang.

Enggal anjeunna luncat, ngadeg deui teu tolih kana raray nu panas tilas katampiling
ku Bhisma. Kombayana sumbar2 kemanigan : Eeee  Ladalah ! uhu iyaaak Cuih !
Kuramng ajar. Nyata andika boga wewesen? Awas balesan ti Kaula."

"Hahahaha, tong loba omong Urang Sabrang ! Sok ketrukeun elmu panemu jampe pamake
sampeyan ka Kaula; moal teu ditadahan."

Amarahna B Kombayana kagiri giri; enggal wae ngaluarkeun jurus Angin 8 Madhab;
katingal B Kombayana mulintir kadya angin puyuh; nu bakal meulit sareng ngabanting
Bhisma; tapi Bhisma katingalna ayem we ngalayanan eta jurus nu dikaluarkeun ku Bambang Kombayana; malah teras anjeunna megat pisan jalan eta jurus. Atuh enggal dua tanaga diadu ditengah jalan. Bruk ! Bhisma mundur aya kana lengkahna lantaran
seragan Kombayana nganggo tanaga jero kiat pisan. Tapi Kombayana harita keneh
ngajungkel tigugulitik, lantaran keuna ku tanaga nu ngalawan kalawan karasa rosa
kacida.

Reuwas sareng amarah, B Kombayana; enggalna tos nyerang deui; tapi kanyataan
elmuna Bhisma langkung ti Kombayana; unggal2 kacabok; teras katajong; dugi ka
sering tigugulitik. B Kombayana ngaraos ayeuna mah yen salian ti dirina aya nu
langkung jago; aduh aing geus ujub yeuh; tapi geus kapalang wirang, aing maning
tutumpuran ti batan kudu kahina kieu. Anjeunna jadi nekad; ayeuna niat bade
nelasan Bhisma ku senjata, anjeunna ngaluarkeun Badik, nu langka pisan digunakeun;
kaciri ngagurilap enyay2an. saterasna ngancam ka Bhisma.

Hanca

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar