Minggu, 18 Juli 2010

Kang Yana ka - 10

 

Bambang Kombayana waspada barang ningal Resi Krepa tos lali kana Purwa
Daksina; wah ieu bahaya si Krepa geus nekad; sabab lamun eta dilaksanakeun,
eta jurus lain wae ngabahayakeun ka batur, tapi oge ka diri sorangan. Ngan..........
aya nganna .............. lamun dirina geus mumpuni, masih keneh bisa mundur, bari
salamet. Hahahaha, aing teu nyaho naha si Krepa geus nepi ka puncak ieu Elmu,
atawa tacan ? Tapi katenjo ku Kaula Ieu si Krepa lumayan oge elmuna; sigana mah
moal matak nanaon; mun tea mah cilaka moal ngabahayakeun nyawana. Keun ku aing
rek dicoba.

Bari waspada sareng masang kuda2 B Yana teras nyalurkeun tanaga jerona, kanggo ngimbangan tanaga nu nuju dikempelkeun ku Resi Krepa; karaos memang tanaga
Krepa ayeuna mah neken ka anjeunna; anjeunna ngaraos dadana rada sesek, enggal
wae nyirnakeun pikiran, teras narik nafas; mung sakedap sesek nafasna tos tiasa
leungit. Sajeroning nyusun siasat kanggo ngalawan tanaga Krepa; B Yana ngagalih,
yen langkung sae anjeunna nyobian ngelehan ; kahiji bakal salamet sarerea da teu dilawan keras deui; kaduana mere hate ka Resi Krepa supaya sadar, tapi teu kaeraan teuing.

Tos buleud tekadna enggal wae B kombayana nyalurkeun tanaga lembut teras wae
nyerang ka Resi Krepa; hasilna ...............?

B Komba   Yana ( sanes Thar ); tigugulitik sababaraha kali.
Resi Krepa saparantosna narik nafas sababaraha kali, enggal ngadeg santery; kakara
gumujeng bari nikmat pisan :"Hahahaha...............  eh B Yana, memag jago andika;
tapi najan eleh, sampeyan ku Kaula bakal ditikahkeun ka Kerpini, da cek ijiran Kaula
hamo aya deui nu bisa ngelehkeun Kaula; sampeyan untung Kombayana. Hahahaha;
tapi cing ku Kaula urang tempo bisi wae sampeyan nyeri dijero ?

Enggalna Resi Krepa muru ka B Kombayana, nu masih keneh calik na taneuh; lantaran
saparantos tiggugulitik, anjeunna enggal gugah deui, bari teu rengrot saeutik eutik acan.
Tapi teras we api api lungse, waktos disampeurkeun ku Kripa teh. Teras Kripa
mariksa raga sareng nafas B Kombayana, bari unggut2an...............
"Hehehehe, nyata andika , lalaki langit lalaning jagat, Kombayana. Batur mah digebug
ku Kaula ku Elmu eta, tangtu lastarina; ari andika salian salamet, nafasna oge masih
lemes tur ayem; nyata sampean gagah. Hahahaha, teu salah Kaula ngangkat sampeyan
jadi adi ipar Kaula, hahahaha."

"Wah, aing teh geuning enya tepat pisan ngajalakeun cara ngelehan maneh teh; malah
ieu Si Krepa bodo ( hihihi ); malah jadi nyaah ka aing. ( Wah enyaan geuning .Ieu
meureun nu cek Rama suargi baheula eleh keur meunang teh ,meureun hahahaha)

Enggalna bae Resi Krepa mani dagdag degdeg pisan nampi ka Kombayana, dicandak
ka lebet padepokan, teras dipasihan kamar nu istimewa; cenah mun aya kabutuh, tong
asa2 parentahkeun we ka sasaha didieu pasti narurut. Saterasna Resi Krepa utuh etah
ka sadayana pangeusi padepokan, supasa apal yen eta B Kombayana teh nu kudu
digugu ku sasaha. Atuh B Kombayana, bugangang bingah manah, lantaran ditampi
anu sakitu saena dihormat didama dama ku sadayana.

Enjingna . Waktosna Patemon. Rendengan. Da Krepini oge jol2 resep we ka Kombayana
teh; tadina resep ka orokna ; nya eta B Aswatama; ayeuna ka bapana.

Kumaha ari Bambang Kombayana ? Nya atoh we dijadikeun panganten.
Keun we aing teu bogoh oge; enya manis oge Kerpini teh; tapi moal nendeng ka
Dewi Wilutama mah. Ieu mah nedunan jangji we, lantaran aing nyaah ka si Tama.
Kitu manahna Bambag Kombayana harita.

Ti harita B Kombayana teras we ngempel di eta padepokan Resi Kripa.
Sa purnama ti harita, B Kombayana diangkir ku raka iparna, yen aya badamikeuneun
surnah. Nya atuh B Kombayana enggal wae nyumponan eta uleman.

Di na eta gempungan ; Krepa nyarios yen anjeunna diulem ku Karajaan Astina
supados ngaping ngajaring sareng ngadidik pala putra Pangagung Astina; di na
sagala rupina. Tah saur Resi Krepa, langkung sae B Kombayana wae nu ngatik eta
marurangkalih pangagung Astina teh; tapi B Kombayana nampik; sareng enggal
wae nyaurkeun yen saleresna mah anjeunna bade nuju ka Pancala; palay nepangan
sobatna Bambang Sucitra. Bari sugan aya milik diri jadi Narpati.

Nya atuh pamaksadan Kombayana kitu, teu dihalangan ku Krepa; atuh Krepa teh
enjingna mios ka Astina; ari B Kombayana neraskeun perjalanan ka Pancala. Sateuacanna parantos wanti2 titip2 ka Kerpini; Kerpini ngan ukur tiasa ngadoakeun
supaya B Kombayana hasil maksad, naek darajat.

Bambang Kombayana ngantunkeun padepokan Resi Krepa nuju Pancala kalawan manah anu janglar, jigrah sareng sumringah; yakin yen perjalanana bakal HASIL.


HANCA
 

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar