Senin, 12 Juli 2010

Bambang Kombayana ka1

 

Banglus perlampahan Bambang Kombayana. lebet ka leuweung gonggong sima gonggong;
tapi teu aya sato nu garalak nu wanieun ganggu ka ieu pamuda; lantaran ieu nonoman
nyata terusing wiku rembesing Resi nu sakti Bagawan BaradWaja. Elmu panemu
jampe pamake, aji jaya kawijayanna ieu Bambang Kombayana estu tos buleud.
Sagala kaiyasa tos nyampak. Sakapeung sok pendak sareng Buta Hejo anu bodo; teu terang
yen ieu nonoman perkasa, gagah lain carita. Nya atuh Buta Hejo nu wani ngaganggu ka
ieu Bambang Kombayana, teu mangga pulia, tinangtu binasana.

Anjeunna sajajalan mung tiasa tuang buah2an atanpi dadaunan, da arang pisan mendak
lembur; tapi Bambang Kombayana teu pisan mundur; tetep keyeng ka na tujuan.
Teu pisan Ieu Bambang Kombayana ngarahuh, estu teteg, kalayan yakin, yen pinasti
anjeunna bakal tepi ka nu diungsi; nya eta Nagari Pancaladriya.

Saparantos lami asup leuweung, kaluar leuweung; jog we Bambang Kombayana dugi ka sisi leuwi anu kacida legana. Sakedapan Kombayana ngahuleng, "aduh kumaha ieu aing
meuntas wahangan anu sakitu legana ? Euweuh sasak euweuh parahu ?"
Nu tadina yakin diri teh, ayeuna mah rada ngarahuh. Ari ngojay, sieun teu nepi ka peuntas, mun palid duka kaman tah ?"

Wah kumaya nya peta ?

Barang nuju ngahuleng kitu, Hiii hiii eeeem...............
Bambang Kombayana mani ngarenjag, asa kagebah nuju ngahuleng meleng ka katebihan;
barang dilieuk singhoreng teh Kuda gagah, buluna hideung meles; tapi disidik sidik, eta kuda teh bikang geuning.

Eta si kuda bikang teh nyuruntul nyaketan Bambang Kombayana; kaget ieu nonoman teh.
"eeeh rek naon ieu kuda, naha dikira aing sieun kituh ? Atawa rek nyepak?" "hahahaha,
mun enya tea mah, aing bakal ngadahar daging kuda yeuh." Kitu ferentes manahna
Bambang Kombayana.

"Hii hii eeem. Eh bambang Kombayana; kaula nyaho sampeyan teh hayang meuntas."

Bambang Kombayana kacida kaget sareng reuwasna, ti na ku teu nyangki eta kuda bisa
nyarita. Tapi ku margi anjeunna memang sanes jalma jore2; anjeunna estu sakti
mandraguna; teu lami kareureuwasanana; enggal wae ngandika :" Eh kuda, alus pisan
maneh bisa nyarita. Enya Kaula teh hayang meuntas ka beulah ditu. " Tapi bingung
lantaran euweuh parahu."

"Hiii  hiii   eeeem................. Kaula sanggup meuntaskeun andika, tapi kaula boga
syarat, sanggup henteu ?"

"Eeee ladalah.............   hahahaha, bener2 Kaula kayungyun ku andika Kuda.
Najan kuda tapi bisa nyarita. Sok we lah naon wae, ku Kaula bakal disanggupan ?"

"Hhhiiiieeeeem...........enyaan sampeyan bakal nyanggupan naon wae nu ku kula
disaratkeun ?"

"Hahahaha, sok wae atuh, sampeyan rek menta naon, pok ngomong !"

Hiiii   eeeem............. Bambang Kombayana, Kaula moal menta dunya brana; tapi mun geus meuntas sampeyan kudu kawin jeung Kaula ? Sanggup !?"


Hanca 

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar