Selasa, 27 Juli 2010

Bambang Kombayana ka-19

 

Bambang Kombayana ayeuna mah ngalakonan perjalanan teh estu nikreuh teu
sapertos sasari gesit; yuswana teu sepuh2 teuing, tapi siga tos yuswaan pisan,
ieu teh akibat ti na panyiksa Gandamana , Patih Pancala.

Nu mawi eta B Kombayana teu weleh nyeri hate ku Prabu Drupada
sareng Gandamana teh , palay pisan mulang kanyeri, tapi da kumaha,
teu kagungan kakiatan, da tanpa daksa; kapan kapungkur ge nuju gagah rongkah, teu yasa nanaon. Kantenan atuh ayeuna.

Ngan eta neuteuli asa teu cepeh2; tiap kapikir, kanyerina asa nyeletiit na ati sanubari. Teu yasa dipapalerkeun. Upami teu acan males eta kajadian,
sigana moal tiasa bangblas hate, nyungkelit we teras. Kitu mamanahan B Kombayana waktos harita di na perjalanan. Bari teras nikreuh anjeunna
emut deui ka putrana Bambang aswatama, emh aing saenyana mah era
panggih jeung Kerpini teh, komo da gagal turta balik bari tanpa daksa;
tapi kumaha ieu ku sono. Ah keun we era2 ge kapaksa we.

Bari angkat teh, cus cos we kaditu kadieu. Emut ka na lalakon hirup
anjeunna, nu sakitu apesna; emut deui sumanget waktos ngawitan bade
angkat ngajugjug Pancala; siga nu pihasileun pisan; tapi naa ayeuna
kaya kieu geunig hirup teh. Emh cacakan mun teu inget ka si Tama mah, aing teh maning ge paeh, puguh deui. Tapi aing tanggung jawab, jeungna deui sugan we atuh si Tama bisa mangmaleskeun ka si Gandamana jeung Drupada.

Nuju angkat bari hulang huleng kitu, renjag we Resi Drona ngarenjag, ku margi aya nu silih sentak, mani tararik sorana, sigana mah lobaan ieu nu
parasea teh, ari disidik sidik sihoreng keur silih salahkeun soal bal nu
asup ka jero sumur; dua pihak silih herengan geus rek gapruk we garelut.
Ku margi anjeunna heran, nya nyampeirkeun ka nu nuju parasea, teras tumaros naon anu karandapan? Salah sahiji budak ngora nu pangkolotna, da barudak eta nu parasea teh, ngawaler bari sopan pisan:"Oh kieu eta teh
paman, kuring sarerea keur maen bal; tapi teu ku hanteu balna tarik teuing
disepak, nepi ka abus ka sumur."

Nembe ge balem, eta nu nyarios teh , jol corowok we budak nu kaciri
heuras jeung panasan geus motong:"Enya eta si Bhima, nu salah mah
najong bal tarik teuing, manehna nu kudu nyokot eta bal teh!"

"Aeh......ke heula hayang ditonjok siah ku aing !" Cek budak nu badag
awak bari ngancam.

"Sok siaaah, da aing ge wani siah, ulah kena2 gede awak siah aing mah teu sieun" Cek nu tadi nu heuras tea, kaciri awakna oge besekel, jeung
euweuh kasieun.

"Enya sok siah Bhima maraneh mah ngan ukur limaan, urang mah saratus,
paling maneh nu bakal dikekeyek ku urang !" Cek nu lobaan ngabantuan nu
si Keras tea.

"Ke ke ke . Ke heulaanan." Cek nu pangkolotna. Ieu kuring teh kapan keur
nyarita sareng paman nu ieu; cig sing ngahargaan atuh."

Jep we nu adu renyom teh rarepeh, terus milu ngarubung ka Resi Drona.

Hanca

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar