Minggu, 18 Juli 2010

Bambang Kombayana ka - 8

 

Gancanging carita, ber deui wae B kombayana angkat ti lembur eta; teras nuju
padepokan nu dituduhkeun ku Ki Jugala, bari ngarasa yakin yen eta istri bakal
bisa dijadikeun indung putrana. Atuh kalintang dariana ieu Kombayana teh
angkatna.

Teu kacatur dijalanna, B Kombayana tos anjog dugi ka eta Padepokan, waktos
anjeunna anjog ka eta tempat, katingal ti katebihan aya nu nuju ragot jurit;
lajeng wae disampeurkeun, tapi barang anjeunna majeng nyaketan eta tempat,
hiuk wae angin nu rada tarik karaos, enggal anjeunna ngagiwar saeutik, bari rikat
neawk ka payun. Aya waruga nu teu walakaya, dina pananganana, eta waruga teh
nyatana tos kawon jurit lan dibalangkeun ku lawanna. Eta jalama barang tos rada
sadar, enggal wae ngejat, bari katingal kawiwirangan.

"sok saha deui nu weani ka kami ieu Resi Krepa................"
Nu meunang jurit nyorowok nangtang, harita katingal aya tilu nonoman; tapi nu
tiluan teh sanggeus rarat reret, enggal bae ngolesed mundur, hartosna teu werat
maju jurit deui.

"Hahahaha, teu sapira geuning, jauh2 hayang ka adi kaula; atuh ari boga elmu teu
sabaraha mah, tong nyoba nyoba !"

Bambang Kombayana nibgali romanna eta nu ngaku Resi Krepa ; katingal teu
tebih ti anjeunna, kitu lah pakokolot supa; model kumincir sareng Kang Oman
panginten, hehehehe.

Resi Krepa oge ningali ka Kombayana, lajeng wae nyarita :" Eh ki sanak, bagja
sampean aya naon datang ka ieu padepokan ? Naha rek milu saembara ?
Ke ku Kaula urang sina kaluar eta adi Kaula teh, supaya anjeun teu kasamaran, milu
saembara teu nyaho nu disaembarakeunana. Ulah panasaran."
Gidig wae eta Resi Krepa lumebet ka Padepokan teu nolih deui ka B Kombayana.

B Kombayana ngagalih, yen ieu Resi Krepa teh asa samodel sareng anjeunna pribadi;
anjeunna jadi cop midulur ka ieu Resi Krepa. Heheehhe, sigana ieu Resi Krepa didieu
mah jagona, tapi manehna bakal kaget lamun nyaho jeung saha manehna bakal
nyanghareupan ? B Kombayana ngagelenyu di na manahna, ngamanahan soal Resi
Krepa engke bakal nyanghareupan jurit anjeunna.

Harita teh kaleresan Bambang Aswatama, nya eta orok tea mani ngagoar oak2an.
Resi Krepa katingal kaluar bari nuntun hiji istri nu memang geulis; barang ningal eta
orok nu ngear wae oak2an; eta istri teh lajeng wae nyaketan; teras ngandika :"
Eh, Ki Silah , karunya ieu orok, cing ku kula urang ais." Barang nguping eta saur
nu halimpu, duka kumaha jol sok wae putrana dipasihkeun ka raina Krepa, nya eta
istri nu disaembarakeun tea; barang dipangku barang eta orok jep we repeh, malah
siga cacaleuhakan seuri. Kaget sareng bingah ieu B Kombayana ningal ingkang
Putra tiasa jempe sareng anteng. Wah ieu meureun piindungeun anak aing teh, kitu
Kombayana ngamanah.

"Eh kisanak, ulah ngahuleng sampeyan, keun we orok mah, sina dipangku adi
Kaula; tah ayeuna cik pek geura nyarita, saha ngaran andika, timana lembur matuh,
banjar karang pamidangan; jeung rek naon ki silah datang ka ieu tempat."

"Oh, hampura Kaula. Ieu Kaula Bambang Kombayana, lembur matuh Kaula mah jauh
ti ieu padepokan; ari maksud Kaula kadieu, nya eta rek neangan piindungeun anak
Kaula anu cik keneh ditinggal ku indungna."

"Oh, atuh kabeneran ari kitu mah, itu adi Kaula ngaranna Kerpini; manehna daek imah
tangga , tapi kudu ka lalaki langit, lalaning jagat. Ku sabab kitu, menehna moal daek
kawin ka sambarang lalaki; jadi keur ngukurna eta lalaki kudu bisa ngelehkeun
lanceukna; ny eta Kaula Pribadi Krepa !" Anjeun sanggup ?!"

"Hahahaha, naha make teu sanggup atuh. Kaula Bambang Kombayana, moal jauh2
ngajugjug, anggang neang, lamun teu boga harepan hasil mah." Waler B Kombayana teteg, bari rada nguntup.

:Hahahaha, Kombayana ieu tarung teh lain gelut heuheureuyan, jiwa tarohna.
Jurit lain kaulinan, pati imbalanana. Kaula ieu ge bisa wae dipaehan ku calon adi
mantu Kaula; tapi Kaula geus toh pati jiwa raga, lantaran hayang ngabela adi; keur
kabagjaan adi. Sabalikna nu milu saembara oge, ulah gagabah; leungeun potong,
atawa suku pengkor mah, geus biasa. Kumaha kira2 sanggup ?!"

"Hahahaha, resi Krepa, u kangaranan Bambang Kombayana cadu mundur pantang
mulang; mun tujuan can karawel; cek paribasa aya na elak2an NAGA; pasti ku
Kaula bakal dirawel."

"NYa jeun atuh ari kitu mah...........apa andika tega nyawa ?"
"tega !"

Tega pati ?!' tega

"Naha sampeyan teu sieun ku Kaula; geus loba satriya nu palengkor sukuna nyoba2
kasakten Kaula?"

"Hehehehe, tong loba omong Krepa, sok tamplokkeun ka Kaula elmu panemu jampe pamake sampeyan, moal teu dilayanan, malah Kaula sieun, yen andika nu teu tahan
ku Peureup Kaula!"

"Eeeee eh, lancang sampeyan Kombayana, mangka waspada tempo yeuh peureup !"

HANCA




__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar