Jumat, 16 Juli 2010

Bambang Kombayana ka-7

 

 

"Hehehehe............B Kombayana, tuh diditu aya balong, kaciri jelas pisan; tuh
tempo aya manuh Hurang keur ngintip lauk, mun ku urang disampeurkeun pasti
gamah, eta manuk hurang tangtu bakal kaburna. Nah sampeyan ulah ngadeukeutan
ka eta manuk, tapi ti dieu kudu dipanah; tapi eta manuk teu meunang paeh, jeung teu
meunang aya salambar oge buluna nu bocek. Tapi ku urang bisa katewak.............
Kumaha sanggup ? Mun teu sanggup atawa dina dipanahna teu saperti nu disebutkeun
ku Kaula, sampeyan daek teu daek kudu nyembah ka sarerea bari tomada menta
dihampura.................hehehehe...........kumaha kira2 sanggup ?"

Eta sarat2 nu diomongkeun ku KI Jugala tangtuna ge lain perkara gampang, pasti
hararesena malah pamohalan pisan; kabeh anak buah Ki Jugala kaasup Ki Raksa
sareuri na hate; da kapan pamohalan pisan, tangtu ieu B Kombayana bakal nyembah
ka sarerea, ku hal ieu oge Ki Raksa saparakanca ngarasa lega mamanahan; lantaran
eta hiji kahormatan anu gede pisan; tapi pikeun B Kombayana tangtuna ge teu
ngeunaheun pisan. Puas siah, kitu pikiran Ki Raksa jeung nu sejenna.

Ari B Kombayana, barang balem Ki Jugala , duka kumaha carana masangkeun
jamparing jeung ngeceng , da teu kanyahoan deui eta manuk hurang geus ragrag
ti na dahan jambu nu ngajorok ka balong nu jadi tempat eunteupna; terus diburu ku
sababaraha prajurit. Matak helok pisan, eta manuk Hurang teh mulus pisan, teu
bocel saeutik eutik acan , barang dihiberkeun deui; ngan sakilat eta manuk Hurang
hiber mani ngabiur, meureun ku reuwas2na.

Atuh ki Jugala jeung para anak buahna ngan bati olohok, ningal kasakten ieu
B Kombayana; tina karaget, teu dikomando deui, brek wae eta kabehanana nyembah
ka B Kombayana :" Nyata sampeyan jalma luhung ku elmu, jembar ku pangabisa;
Kaula sakabeh ngahargaan pisan ka sampeyan; lamun sampeyan daek ngajar
ka kuring sakabeh; kuring kacida nuhunna."

"Eh ki sanak sadayana, nuhun ki sanak sadaya tos ngahargaan ka na kabisa Kaula;
tapi Kaula tacan boga paiatan ngangkat murid; tah meureun Kaula geus ngajalanan
naon nu jadi sarat nu disebutkeun ku KI Jugala, tah ayeuna Kaula rek meredih ka
andika sadaya, ngeunaan ieu orok Kaula."

Sadayana sami hanjelu, tapi teu bisa kukumaha, teras wae Ki Jugala nyarita:"
Euh perkara neangan piindungeun orok , aya warta pikabungaheun keur andika,
rada anggang ti ieu tempat, aya padepokan, nu boga na Hiji Resi, eta Resi jeung
kulawargana boga adinu kawentar oge geulis; geus loba nu ngalamar, ngan sigana
eta istri teh, can aya maksud imah tangga; padahal nu ngalamar geus jul jol; nya
atuh ku sabab didesek ku rakana supaya mere putusan, eta istrina daek nikah, tapi
kudu ka lalaki nu gagah rongkah cenah, nu bisa ngelehkeun rakana."

Nyata Resi nu jadi lanceuk eta istri teh, gagah rongkah; da nepi ka danget ieu teu
aya pamuda nu bisa ngungkulan kagagahan eta Resi. Loba anak Bupati jeung pandita,
nu kawiwirangan, lantaran kasoran di na tarung jeung eta Resi. Tah meureun, sugan
sampeyan mah bisa; da kaciri ku Kaula di sampeyan sagala byanpak."


Hanca

 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar