Kamis, 22 Juli 2010

Bambang Kombayana ka - 16na

 

Anenggih kang Murwa Carita.
Kacaturkeun di Nagari Pancaladriya, Prabu Drupada nuju merbayaksa, diparek
para Mantri, Bopati, lan Priagung.
Sritinong ing Pasewakan............. Busanaaa manekaaa Warna..........
Reng  reng manik narawacaaa...........

Sang prabu Drupada calik Ing Dampar Denta, Tinaretes Ig Sesotya; marek
payuneun Sang Raja Patih Kinasih Jenengan Raden Arya Gandamana; kasohor
tara eleh di na satiap pangperangan. Disapengkereun Arya Gandamana, Mantri
Bopati tarungkul amarikelu; ngantos Dawuh Sang Prabu.

Enggalna Prabu Drupada ngandika :"Eh bagea sadaya Kadang Pancala, cik geura
ngayakeun laporan2 di na waktu ieu."

"Nun Gusti Prabu, Kakang Prabu Drupada, ieu Kaula Gandamana ngaturkeun sembah
pangabaktos, kitu deui ieu sadaya Para Mantri Bupati, mugi katampi kaulanun."

"Hahahahaha, katampa pambage ti sampeyan . Kumaha kaayaan jero nagari ? Naha rahayat rea nu tingjarerit lantaran kalaparan ? Sok ulah asa2, laporkeun wae ka
Kaula."

"Bingah manah Kaula, margi tos ditakon ku Sang Prabu, numutkeun warta nu ditampi ti
Para Bupati di sabudeureun Pancala, di na danget ieu Pancala teh sepi paling, towong
rampog. Tingtrim teu aya bancang pakewuh. Pancala Kerta Raharja, subur makmur,
loh jinawi. Pasir Wukir Loh Jinawi teh sanes mung ukur babasan, Gusti."

"Sukur bagja kumayangan, Rayi Patih, ari kitu mah...........tah sok ayeuna Kaula
hayang nanya ka andika sadaya, naha aya rancangan atawa cita2 keur kamajuan
sadaya, sok ulah was was ulah cangcaya, plok tamplokeun didieu."

Barang nuju gunem catur kitu...........................ujug2 aya soanten nu gegeroan, tarik
ti luar :"Sucitraaaa............... Sucitraaaa..................dulur Kula, bageakeun yeuh
Kula dulur sampeyan...............Kombayana.................!"

Patih Gandamana, amarahna kagila gila, dat nyembah ka Prabu Drupada, teras
kaluar diiringkeun ku para Senapati. Barang ningal ka caket Gerbang, anjeunna
ningali aya hiji jalma nu rudin pisan, keur cocorowokan ngageroan Sucitra; nu
ngajago Panto Gerbang ngan cicing wae, siga kurang malire ka nu cocorowokan;
nu sanes mung heran, tapi ari Gandamana mah teu kasamaran, yen eta nu
ngageroan teh ditujukeun ka Sang Prabu Drupada; da nu sanes mah teu apaleun
yen Sucitra teh wasta Sang Prabu kapungkur, sateuacan jeneng Prabu.

Patih Arya Gandamana, kalintang amarahna enggal wae muru ka eta tempat; teu
tata pasini deui Jekok wae eta jalma nu cocorowokan teh ditajong, dugi ka
babangkieungan , nu akhirna ngajoprak pisan.

"Kurang ajar temen.............sampeyan ! Eh jelema burung !"

"Lamun andika hayang dahar menta ka prajurit nu ngajaga, atuh hayang duit oge
bisa menta. Tapi andika euweuh tata titi duga prayoga pisan. Jol datang cocorowokan
siga jelema edan. Ayeuna andika geuwat indit ti ieu tempat, lamun masih keneh hayang
salamet !"

Leng    leng    ramyaning kang......................

Kombayana, enggal ngadeg bari ngaraos pingpingna rada linu, tapak ditajong ku
Gandamana, cacak sanes Kombayana mah tinangtu tos potong. Nyel we amarah,
Bambang Kombayana sumbar2 :

"Eeh...........kurang ajar sampeyan; geus wani2 najong, ka dulur Raja ! Kaula B
Kombayana, dulur sakokoh jeung Sucitra, nu cenah jadi Raja di ieu Nagari. Awas
sampeyan tangtu dihukum, saha ngaran sampeyan ?"

"Eh jelema burung ! Tong ngalantur andika, naha hayang ditambahan deui !?"

Nuju guntreng kitu, Sang Prabu Drupada teu kanyahoan tos sumping ka na eta
tempat , enggalna ngandika:"Eh aya naon Gandamana ?"

"Wah aya jelema burung, aku2 angga Gusti."

Bambang Kombayana, ningali Sucitra nganggo raksukan Karajaan, anjeunna bingah
pisan, teu nolih deui ka Gandamana, enggal wae muru ka Prabu Drupada, maksadna
bade ngarangkul, tina tos kalintang sonona; bari dareuda pinuh kasono, Kombayana
hariweusweus:"Aduuuuh, Sucitra bagja temenan sampeyan, kula inget deui waktu
masih jadi catrik baheula, ayeuna sampeyan geus bagja...................."

Teu acan tutas hariweusweusna B Kombayana, sareng teu acan tepi ka Sang Prabu Drupada, tos kapegat ku Gandamana, anu lajeng ngabagi deui hiji tonjokan ka Bbng
Kombayana, bari nyentak:"Tong diantep Prajurit, tewak ieu jelema, ringkus!"

Koloyong deui B Kombayana ngoloyong margi ditonjok sakitu tarikna, ampir2
kapiuhan, Gandamana tea kawentar jago tarung patunggalan.

Enggalna Prabu Drupada misah ieu Gandamana nu bade neraskeun ngarogahala,
enggalna Sang Prabu ngandika :"Ke ke ke heula anan, Gandamana, ieu jalma teh
memang teu aya tata pisan, tapi Kaula inget yen ieu memang sobat Kaula waktu
Kaula keur diajar elmu ku Sang Wiku Baradwaja. Jadi poma ulah dikakaya eta
dulur Kaula."

Enggalna wae Gandamana liren neunggeulan Kombayana. Kombayana kalintang
bingahna.......................

HANCA

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar