Jumat, 16 Juli 2010

Bambang Kombayana ka-6

 

KI Raksa sabatur batur teh nuju ka tempat Ki Lurah Jugala; Lurah = Demang = Penatus.
Nya eta nu boga anak buah 100san prajurit.

Ki Lurah Jugala rada heran, nempo Ki Raksa ngadatangan ka Kademangan, bari mawa
anak buahna, jeung kaciri siga nu duarius pisan. Ah tangtu aya kajadian nu hebat yeuh ?
Kitu pikiran Demang Jugala. Terus wae nyampeurkeun ka Ki Raksa saparakanca.

"Aya naon Raksa ?" Cek KI Jugala kalem.

"Ki Lurah..........  aya hiji jelema cucungah rek ngacowkeun ieu kampung, Ki Lurah............."

"Hiji jelema ? Atuh raponan we ku arilaing ? Tewak bawa kadieu ?"

"NU matak ............. Ki Lurah, ..............eeeee...............  eta jelema teh najan
nyorangan ge gagah ..............kuring sarerea eleh jajaten."

"Maksud ka dieu rek naon ?"

"Maksudna mah taya lian neangan piindungeun anakna, nu jabang bayi keneh ........"

"Naon !? Hahahaha, atuh ari kitu mah, maksudna teh hade lain ? Naha atuh kalah
ka jadi papaseaan ?"

"Eu  eu  eu.............nya eta atuh Ki lurah, saenyana mah tujuanna memang rada
alus, tapi eta ngomongna songong belengong, euweuh adab pisan. Jadi kuring
sarerea boro2 hayang nulungan, malah hayang ngusir tah ka eta jelema teh."

"Hahahaha, atuh ana kitu mah arandika nu salah; naha atuh teu sabar pisan;
kapan tradisi urang mah kudu someah ka semah tea, lain?"

"Enya ari na kituna mah; tapi da .............  cik atuh ngarumasakeun maneh, .......
datang2 nanya bari kasar garihal; saha nu teu ambek !?"

"Euh ngarti ari kitu mah, keun hayu jeung Kaula urang datangan ............. saha
cenah jelema eta teh ngaranna ?"

"Eu eu eu............. Bambang Kombayana mun teu salah mah."

"Tah hayu atuh, jeung supaya rada sieuneun jeung teu adigung teuing eta jelema,
Kuring rek mawa pasukan; urang kepung , hayang nyaho kumaha ketakna tah, eta
Kombayana teh."

Sigana memang Ki Jugala mah geus loba pangalaman, pantes jadi Lurah Prajurit.
Teu gagabah, terus wae Ki Jugala jeung Ki Raksa jeung pasukanana ngadatangan
tempat dimana Bambang Kombayana nuju ngantosan.

Bari disomeah2keun Ki Jugala nanya ka B Lombayana :" Eh ki sanak,..............teja
sulaksana; teja wong becik, sulaksana wong anyar pinanggih; saha ngaran andika,
jeung naon pamaksudan ?"

Pasuka Ki Lurah geus ngalingkung eta tempat, sapakarangna2 kaciri siap tempur,
siga nu bakal ngayakeun hiji banda Yudha.
Ku margi Bambang Kombayana tos sadar di na cara nyariosna nu kirang tepat, ayeuna
anjeunna enggal ngahormat, bari imut ( cek pikir ki Raksa tah ayeuna mah sigana
sieuneun ieu mangkeluk teh ); enggal nyarios :"Hampura kaula.......................
Ngaran Kaula Bambang Kombayana, kaula datang ti jauhna, ku sabab Kaula
boga orok nu ditinggalkeun indungna pas lahir, Kaula jadi bingung kalawan geumpeur,
lantaran hayang gura giru ngurus ieu orok, mangkaning ieu orok tea oa oaan wae,
leuwih ngageumpeurkeun. Tuh geuning ayeuna ge ngoar wae; nu matak Kaula nanya
ka Ki Raksa saparakanca meureun gurung gusuh bari jeung kurang tata; Kaula rumasa
salah, tah didieu Kaula menta dihampura."

"Hahahaha, hade Bambang Kombayana, kaula ngamalum ; tapi sampeyan geus
ngamimitian ku tarung jeung anak buah Kaula; moal enya wae ayeuna sampeyan
gampang pisan dihampura, bari teu aya hukuman sama sakali. Meureun anak buah
Kaula bakal ngajejeleh ?!"

Rada keuheul oge B Kombayana mireng eta carita Ki Demang Jugala; tapi lamun
dipikir deui, memang aing nu salah yeuh. Keun we hayang nyaho nepi ka mana tah,
bakal dituturkeun, pok wae B Kombayana ngandika :"Lamun andika memang rek
ngahukum Kaula, hukuman naon nu bakal tibankeun ka Kaula ?"

"Hehehehe, salian ti mamawa orok, sampeyan mamawa Gondewa jeung jamparingna,
tah Kaula hayang nenjo wewesen sampeyan; lamun sampeyan memang bisa
manah,hartina sampeyan memang lain mamawa gondewa bari asal ; tah lamun
sampeyan bisa sanggup; mungkin Kaula bakal ngahampura andika."

"Naon nu kudu dipanah ku Kaula ?" Kombayana tumaros


HANCA

 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar