Kamis, 15 Juli 2010

Bambang Kombayana ka - 5

 

Eta jelema nu genepan teh saenyana mah Kaamanan di eta kampung; mun ayeuna mah Hansip atawa Satpol PP tea. Hehehehe. Atuh terus we lumpat ngadatangan Kapalana nu ngaranna Ki Raksa. Ki Raksa kaluar ti minangka POSKamna, kaget nempo nu haruhah harehoh bari laporan anu teu puguh omongna; da bari haruhah harehoh tea; sedengkeun di satukangeun eta anak buah kaamanan kalem we B Kombayana nuturkeun.

Eta nu genepan bari noroweco terus tutunjuk ka B Kombayana nu kalem wae bari
sura seuri.

Ki Raksa terus wae nyarita :" Eh Jaka ! Wangsa; repeh arilaing! Naon ieu teh ? Jeung saha
andika ? Kaula can ngajaran panggih ?" Cek Ki Raksa bari nyarita ka anak buahna, oge
nanya ka B Kombayana.

"Kaula B Kombayana, datang kadieu seja neangan piindungeun ieu orok; tapi ieu
nu genepan teu gugur teu angin geus ngaraponan Kaula; nya Kaula ngalawan."

"Hehehehe, ke heula cicing B Kombayana; kaula deuk nanya heula anak buah Kaula..
............ eh arilaing, kumaha ieu teh nepi ka diudag udag ku jelema saurang ?"

"Ki Raksa............... waktu eta Kombayana mimiti datang, tanpa tata titi ngomong
nu kasar garihal, barang ku kaula sarerea dipapatahan supaya nyarita rada sopan,
manehna malah nangtang ; nya atuh keur ngabela kahormatan ieu kampung, kula
sarerea ngalawan; tapi nyata ieu manusa teh pilih tanding; kaula sarerea geus eleh
jeung meunang wiwirang; tah kumaha ayeuna Ki Raksa ?"

Ki Raksa unggut2an, terus malik ka B Kombayana , pok nyarita:"Eh, B Kombayana;
sampeyan datang ka ieu tempat teh ngahaja rek ngacowkeun ? Kena2 jago ?
Neangan musuh pikeun tanding ? Naon tujuan andika sabenerna ?"

"Hahahahaha, Kaula teu tarima dianggap ngacowkeun ieu kampung, atawa nangtang
neangan tanding................da Kaula lain tamdingan aranjeun sakabehna............"

Kakara ge sakitu panyariosna B Kombayana; nyel we si Raksa oge keuheul, ti na ku
asa adigung adiguna pisan ieu B Kombayana teh, pok wae Ki Raksa nyarita bari mere
budi haseum:"Hehehehe, andika ngarasa jago ? mun kitu Kaula rek nyoba kagagahan
andika, coba tampanan ieu peureup Kaula !"

Barang tamat nyaritana, Ki Raksa terus ngayunkeun peureupna ka B Kombayana;
atuh DUK ! Cenah, dada B Kombayana kateunggeul pisan ku eta peureup ki Raksa,
tapi B Kombayana mah teu ngiceup2 acan; ngan melong we ka Ki Raksa bari imut
nu nandakeun nyapelekeun pisan.

Kaget oge Ki Raksa, da biasana mah tong boro atuh jelema, najan kai teuas oge bisa
beulah ku ieu tinggangan Ki Raksa teh, ari ieu teu rengrot2 acan, malah nyeungseurikeun.
Terus wae Ki Raksa mesat gobangna...............  B Kombayana, bari nyeuleukeuteuk
terus ngalahir:"Eh Ki Raksa, euweuh gunana andika mamake eta gobang, da moal bisa
nganaon naon ka Kaula ! Kaula mah pilakadar nanya...........naha atuh dijawab ku
gelut ? Cing rada mikir sampeyan !"

Ki Raksa teu jadi ngadek ka B Kombayana, terus we nyarita:"Eh, B Kombayana..........
tunggu didieu, Kaula bakal mawa lawan keur sampeyan !"

"Hehehehehe, panasaran ? Sok we atuh ku Kaula mo burung ditungguan di dieu."

Saterasna B Kombayana ngagalih, ah aing salah lengkah yeuh, lain katerangan nu
ku Kaula ditarima, malah dimusuhan ? Ieu tangtu lantaran Kaula dianggap kurang
sopan, jeung dianggap adigung adiguna ? Mun kitu mah, atuh moal meunang
katerangan aing teh, boro2 dibantuan keur neangan ieu piindungeun si Tama; malah
jadi mumusuhan..............ah enya salah tah.............tadina aing nganggap kabeh jelema
lamun nempo kana kasaktian aing, mo aya nu wani ngabantah, euh ana kitu mah enya kudu tah diplomasi teh, paingan baheula ama sok mapatahan tata titi, tindak tanduk,
enya ayeuna mah karasa tah. Teu kabeh jelema bakal nurut ku nempo kagagahan urang?

Bambang Kombayana sadar, yen mun anjeunna mawa karep mangprung, tangtu moal
hasil, padahal kuduna mah caina herang laukna beunang. Ah enya aing kudu rada ngarobah paadatan, nu baheula sok maksa da asa digjaya; didieu mah hamo bisa.

Tunda Bambang Kombayana nu nuju ngantosan Ki Raksa sabalad balad, ayeuna urang
tuturkeun lampah Ki Raksa nu rek neangan Jago tea,

HANCA

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar