Rabu, 14 Juli 2010

B Kombayana ka - 4

 

Leng leng ramyaningkang sasangka........................kumenyar
( Kakawen )

Bambang Kombayana angkat bari sajajalan bingung, lantaran eta orok teu
weleh ceurik oak oakan.............anjeunna ngalahir di na manahna, mun aya
awewe nu daekeun nyusuan jeung miara ieu si Tama, anak saha wae ku aing
bakal dikawin eta awewe teh; rupa mah teu kudu alus lah.
Kitu manah Bambang Kombayana, lantaran anjeunna parantos nyaah lahir bathin
ka ieu orok; nyaah langkung ti ka anjeunna pribadi.

Duka kumaha eta Bambang Kombayana cek paribasana teu mangan saminggu
masih keneh kiat; da memang dasarna tukang gentur puasa tapa brata. Tapi anjeunna
teu kiatan ningali ingkang Putra B Aswatama, oak2an wae. Sakapeung B Kombayana
ngudag2 sato bikang, sina nyusuan putrana.

Saparantos aya kana 2 purnama na; jol we B Kombayana anjog ka hiji pakampungan....

Bingah amarwata suta................   bingah kagiri.............eeeeeeee..........
Bambang Kombayanaaaa    .................
Lajeng wae satengah lumpat ieu Bambang Kombayana lumebet ka ieu padusunan;
atuh urang kampung ting raringeuh ningal aya nonoman mamawa orok nu oak2an.
( panginten zaman ayeuna mah langsung disangka Culik, nya ? hehehehe )

Bambang Kombayana lantaran riweuh palay enggal ngabela ingkang Putra, teu panjang
ngagalih, enggal wae nyaketan urang dinya nu nuju ngarumpul; samemeh urang kampung
naranya, B Kombayana , bari rusuh ngandika :"Eh andika sadaya, Kaula deuk nanya
naha aya kira2 wanoja, atawa eweranda nu daek ngurus budak Kaula ?"

Barang eta jalma2 nguping patarosan Bambang Kombayana anu sakitu togmolna; tur
teu aya tata sopan santun; nyel we atuh jelema urang kampung teh ambek. Nu saurang
nyabar2 maneh pok nyarita :" Eh, Teja sulaksana teja Wong anyar pinanggih; saha
aran sampeyan ? Jeung dimana lembur matuh, banjar karang pamidangan ?
Kunaon barang datang tanpa larapan anjeun jol nanya anu taya tata titi pisan?"

"Oh hampura Kaula, Kaula teh ku sabab rusuh jeung bingung, boga budak orok
ditinggalkeun ku biangna. Jadi Kaula Bingung; aran Kula Bambang Kombayana;
ti Nagara nu Jauh ti dieu. Kaula urang Sabrang." B. Kombayana ngajelaskeun ka
eta nu ngarumpul.

"Euh kitu ? enya karunya tah orok. cek nu sejenna.

"Eta orok ditinggal maot ?

Ku sabab aya rusiah nya Kombayana ngawalerna kieu  :" Bener pisan omongan andika;
jadi barang brol terus ngahiang.Tah ayeuna Kaula keur neangan piindungeun ieu
orok, lantaran Kaula teu nyaho kumaha carana ngurus ieu budak; Kaula sieun ieu
orok jadi gering."

"Euh kitu ? Tapi sampeyan nu boga kabutuh; kunaon sampeyan euweuh tata pisan ;
untung nanyana ka jelema nu kaasup bageur; mun henteu mah, meureun....."

Acan ge tamat eta jelema nyarita, barakatak B Kombayana nyakakak, nu memang
sok ujub , asa aing panggagahna; gagah aing teu deungeun teh lain bobohongan.
"Hahahaahha.................eh ki silah sakabehna..............Kaula Bambang Kombayana,
moal jauh2 ngajugjug, datang2 ti kajauhan, mun teu boga patekadan nu buleud.
Moal wani indit ka ieu nagri, lamun teu miboga pangarti."
"Jadi, tong rek nyoba2 andika, moal manggapulia, andika lain tandingan Kaula."

"Eeh kurang ajar temenan ieu jelema burung teh. Eh batur2, hayo ringkus ieu jelema
teh, pira ge jelema hiji." Teu kudu ngaduakalian ger wae B Kombayana diraponan;
tapi boro2 katewak B Kombayana teh, teu ka toel2 acan, malah sakali ditoelan oge
ku B Kombayana, eta jelema2 nu lobana genepan ting gareblub nyium taneuh.
Cek paribasana ngan ukur diusap; atuh eta jelema genepan teh gancang mesat
sagobangna sagobangna; tapi ieu ge teu mangga pulia; kabeh gobang ting belesat
dialungkeun ku B Kombayana; tina ambek eta nu genepan jadi sieun, nya biur wae
kalabur, rek laporan eta kajadian. Ku B Kombayana terus we dituturkeun, bari satengah lumpat; da mun lumpat enyaan mah; sakilat ge kasusul eta jelema genepan teh.
Atuh jelema2 nu genepan teh mani buntet2 wae, ku sabab nyangka B Kombayana
rek ngudag.

Hanca deui wae


.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar