Jumat, 05 Februari 2010

Syair :Husein minni wa ana min Husein

Dina ngemutan 40 dinten syahidna al-Husein cucu nabi , mudah-mdahan urang babarengat silih emut deui kana ieu perkara anuh pinuh ku makna sajarah, agama, kayakinan, siasah, jeung titik perjalanan agama nepi ka akhir zaman....
didieu sakedik syair:

HUsein ti jiwa diri jeung diri ti jiwa HUsein
(sabda kanjeung nabi)
(40 dinten syahidna Al-HUsein)


Sabda kanjeng nabi nu uninga
ma'ruf sebar jembar ka nagara
henteu ayeuna teu baheula
husein ngibar di tatar sunda

pikeun urang nu maca dunia
dina sajarah nepi ka ayeuna
nyandak makna nu mulia
ngangkat batin ka nirwana

40 dinten nur shuhada karbala
dina ngabela kulawarga dipikacinta
ku ngabdi taat jeung satia
ngalawan yazid dalim panguasa

werrr getih suci tina huseina
dicacag mastaka jeung badana
ku syimir buruk rupa anak zina
ditawan kulawarga jeung putrana
ka syam tempat maksiat muawiya
jeung yazid putra nyekek botolna
bari mabok ngetuk mastaka huseina
ku tongkat teu aya pikarasa
ceurik sukainah jeung rukaya
putri 9 tahun teu tega ningal bala
zainab heuras hujjah cucu rasulna
kana haq ahlulbait rasulina
kaum syam kacewa pinuh ku era
kulawarga nabi  diseret jeung disiksa
Ali Zaenal abidin dina udzurna
kulantaran geuring leuleus awakna
tapi lantang hujjah kana haqna
kasakabeh kaum nu ditipu ku pangawasa
yazid keok geter hatena
tawan kabeh kulawarga huseina
mastaka suci husein diketuk ku tongkatna
era inget yen eta cucu rasulna
iblis nyaho benerna tapi lawan haqna
keok ku hujjah jeung ceurik putrina

Putra imam Zaenal abidin ngumpul badana
ngubur mastaka jeung anggotana
di karbala nepi ka ayeuna
karbala karbun jeung balana

cucu nabi syahid di nainawa
ulah poho kana qaul rasul mulia
lamun teu bisa renung majlis karbala
naha teu bisa ceurik kana paristiwa
lamun teu bisa ceurik kana paristiwa
naha teu bisa emut nainawa
lamun teu bisa emut nainawa
naha teu bisa emut huseina
lamun teu bisa emut huseina
naha teu bisa inget cucu rasulna
lamun teu bisa emut cucuna
NAHA BISA INGET RASULNA?????

Allah ngejamin suci ahlulbaitna
dina alahzab tilutilu coba pek buka
wajib cinta sagala jiwa
coba buka 42 : 23 na
teu menta upah nabina
ngan saukur cinta ahli qurba

moal bisa cinta
lamun teu emut perkara
moal bisa meunang makna
lamun teu makrifat ahlina

ya huseina...

wassalam
zen

 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar