Kamis, 11 Februari 2010

Situmang??? luluhur?

Copas ti milist Sunda

 

Hatur nuhun kang Oman,

Dina guaran Abah Surya, kirang kaguar ngeunaan ujud si Tumang anu ngandung harti husus pakait kana makna warna, guaran Guriang TUJUH dimana angka tujuh mangrupakeun angka nu sakral dina palsafah kasundaan, oge hubungan boeh rarang-obor, lisung tutunggulan sareng kongkorongok hayam,

Mangga nyanggakeun ieu hasil ringkesan guaran simkuring dina tafsir carita Sangkuriang, manawi tiasa ngeuyeuban hasil guaran abah Surya atanapi vesri sejen makna Sngkuriang ti simkuring, kapungkur pami teu lepat taun 2006 kantos ku simkuring dialungkeun.

Galur carita Sangkuriang nu runtut kalayan cocog jeung kaayaan alam Pasundan, hususna wewengkon "Danau Purba Bandung" karasa nyata tur hirup oge sakral. Hal ieu ngabuktikeun kalinuhungan luluhur sunda nu nyusun carita.

Carita sangkuriang dimimitian ku carita morona Prabu Prabangkara nu ngandung harti ayana kahirupan di dunya gede dimimitian ku ayana Cahaya Panonpoe, jeung awal hirupna sajatining manusa (dunya leutik) mun geus boga kanyaho dina diri. Mun hirup manusa di dunya teu boga kanyaho tangtu Wayungyang.

Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa Ingsun. Gubragna Sangkuriang ka dunya hasil kawin si Tumang jeung Dayang Sumbi ku alatan taropong murag. Taropong hartina toropong nyaeta alat pikeun nempo sangkan leuwih talilti, eces tur museur (maksudna lain nempo ka luar tapi nyungsi kana diri). TUMANG teh mangrupakeun anjing hideung tapi bangus jeung buntutna koneng (mangga tingal kamus basa Sunda). Dumasar kana simbul-simbol warna dina palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi/lemah nu ngabogaan sifat kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun Koneng ngalambangkeun angin sifatna kadunyaan. Jadi tina wujud Tumang ngandung harti ieu carita perkara di dunya jeung nu nuturkeun/turun ka dunya (manusa) nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa. 

 "Tumang" (basa kawi) = hawu/dapuran seuneu anu oge ngandung maksud hawa napsu, sedengkeun "dayang"  nyaeta sebutan keur awewe, harti lianna asal tina kecap dangiang/dahyang nu hartina bangsa lelembut atawa halus. Dayang bisa oge dihartikeun asal tina kecap dang (= dangdang) jeung hyang (= suci = dewa). Sumbi nyaeta seuseukeutna katimang (sing seukeut nya nimang), sedengkeun upama dipenggel ngandung harti wujud diri atawa waruga (sum = sumsum = acining; bi = awewe = ibu pertiwi = bumi). Jadi Dayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan, kudu lantip dina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yen wujud diri teh hakekatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi/bumi nu kaancikan ku napsu (Dayang Sumbi kawin ka si Tumang).

Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih kecap pikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, oge bisa luyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. Dayang Sumbi tetep geulis awet jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yen ti jaman mimiti ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa teh tetep geulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, sok sanajan tepi ka wujud geus pareot, ilaharna teu aya manusa nu hayang ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna

Dina palsapah/kapercayaan Sunda netelakeun yen Sang Kuring atawa Ingsun lain sifat ragawi/lahir, oge lain sifat rohani/batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan. Ingsun (kuring) mangrupakeun dat suci nu asal ti Gusti Nu Maha Suci nu sapanjang di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringna-sakuringna.

Gumelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa nu dina carita ngaliwatan indung nu ngaran Dayang Sumbi sarta bapa nu ngaran Tumang. Di dunya Ingsun ngancik dina wujud waruga/diri nu asal tina acining/ saripati dunya (dayang Sumbi), kulantaran kitu hawa napsu salawasna marengan Sang kuring (Tumang sok ngintil marengan). Mun teu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab eta waktu si Tumang dipaehan Dayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa napsu dipaehan tangtu kapentingan raga kaluli-luli nu balukarna bakal leungit kahirupan manusa di dunya (sawang kumaha balukarna mun sarupaning napsu dahar/nginum, napsu gawe, napsu birahi, napsu pikeun ningkatkeun diri jeung napsu-napsu lianna dipaehan, tinangtu kahirupan di dunya bakal punah), matak dina elmu Sunda mah teu aya ajaran pikeun maehan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya (tatapa & puasa cul urusan dunya).

Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan elmu hasil ngasah jeung olah pikir dina uteukna nu mancar dina gawe nu rancage, nu dina carita disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak.
Sangkuriang maksa hayang kawin ka Dayang Sumbi ngandung harti, yen kulantaran Ingsun asal ti Gusti nu hakekatna suci, tinangtu ngabogaan rasa jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri/waruga asal ti dunya nu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagon kamanusaan, ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya (parahu pikeun lalayaran di talaga).


Dina ngalaksanakeun gawena, Sangkuriang dibantu ku Guriang Tujuh (= Guru hyang tujuh), maksudna tujuh sumber elmu/kanyaho nu jadi guru jati (tara bohong), nyaeta pangawasa suci nu asal ti Gusti nu ngancik dina diri manusa: pangawasa/gerak-langkah, pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas, pangandika/ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain beja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuringna. Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeung ngudag kahayang/cita-cita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina.

Boeh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor, nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku elmu/katerang/kanyaho nu ditembrakkeun/dikibarkeun atawa diwujudkeun dina kahirupan (gawe akal pikiran). Lisung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak (gawe rasa/napsu), sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Elmu spiritual Sunda ngajentrekeun yen aya tilu unsur dina diri manusa (tangtu tilu) nu bisa ngawasa kana pamarentahan diri, nyaeta kakuatan akal/pikiran, kakuatan rasa/napsu, jeung kakuatan jati  ingsun. Dina perkara ieu ingsun kudu bisa ngadalikeun akal-pikiran jeung rasa/napsu (ingsun jadi supir/nahoda). Lamun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun (Sangkuriang kabeurangan lantaran boeh dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna kongkorongok), tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin (teu bisa manunggal), balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub (Tangkubanparahu) teu bisa dipake ngalakonan kahirupan di dunya (lalayaran di talaga) nu didumasaran ku ajen luhung kamanusaan jeung kasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagede gunung ibarat tunggul (Bukittunggul), hate nalangsa ngarangrangan ngarasa hirup euweuh ajen (Burangrang). Tapi sok sanajan batal kawin, ku lantaran ngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, Ingsun (kuring) teu weleh ngudag-ngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala deukeut, kadang jauh (Sangkuriang ngudag-ngudag Dayang Sumbi)

Intisari papatah nu dibewarakeun:

Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna ka dunya mangrupakeun papasten ti Nu Maha Kawasa ngaliwatan cukang lantaran indung jeung bapa. Ingsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya, nyaeta acining bumi, acining cai, acining angin/hawa jeung acining seuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeung panas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu timbul napsu-napsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeun gumelarna ingsun ka dunya oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu, sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaran eta teu meunang maehan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu kabetot ku kadunyaan. Elmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapa ninggalkeun urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.

Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa diri sangkan luhung ku elmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget Ingsun lain urang dunya sabab asal ti Nu Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeun ngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeung langkah teu ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian (kawin/manunggaling kuring jeung kurung). Dina raraga ngawulaan kabutuhan raga/kurung, ingsun(kuring) ngagunakeun tujuh Pangawasa Gusti nu ngancik dina dirina, nyaeta pangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung  pangangseu (guriang tujuh).

Kade masing taliti, yen dina diri manusa teh aya tilu kakuatan nu bisa marentah diri, nyaeta akal-pikiran,
rasa-napsu jeung jati ingsun sorangan. Dina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun
akal-pikiran jeung rasa-napsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan di dunya, sabab lamun akal-pikiran jeung rasa-napsu geus miheulaan ingsun bakal timbul kasombongan adigung-adiguna nu ngabatalkeun manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunya nu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibarat parahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup euweuh hartina , tungtungna hate ngarangrangan nalangsa saendengna. Kulantaran kitu, mangkahade upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun ngudag-ngudag kurung sangkan bisa manunggal.

Kitu intisari harti nu kasungsi tina legenda Sangkuriang, ku kituna pamuga pedaran ieu tiasa nambah kareueus parawargi urang Sunda, yen bukti geuning kalinuhungan luluhur urang Sunda teh. Nu leuwih penting deui sanggeus harti, hayu atuh urang nyungsi ka diri sorangan, naha tekad, ucap jeung lampah urang geus tepi kana "kawinna Sangkuriang ka Dayang Sumbi" (kawinna kuring-kurung)?.  Nya umumna mah "Sangkuriang Kabeurangan".

Sumangga atuh.   



Hatur nuhun, rampes.

Pun Engkus.

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar