Kamis, 03 Juni 2010

Wireless

Wireless

 

Para ilmuwan Amerika, Inggris jeung Indonesia nalungtik sajarah teknologi komunikasi di nagarana masing-masing. Para elmuwan ti Amerika ngali taneuh jero pisan, di kajeroan 1000 meter maranehna manggihan kabel tambaga. Gancangan maranehna ngumumkeun, yen urang Amerika 1500 taun katukang geus make kabel tambaga keur komunikasi. Elmuwan Inggris embung eleh, ngali taneuh jero pisan, di kajeroan 1000 meter, maranehna teu nimukeun nanaon, ngan waktu ngalina tepika 1500 meter, kapanggih aya kaca. Maranehna ngumumkeun dina media yen urang Inggris 1500 taun katukang geus make fiber optik keur komunikasi.

Elmuwan Indonesia oge embung tingaleun, kula-kali jero pisan, ngan nyaeta tepi ka 1000 meter teu manggihan nanaon, maranehna langsung mublikasikeun hasilna dina media bari reueus pisan: "urang Indonesia geus ti 5000 taun katukang, make teknologi WIRELESS!"

=WLY=

Tidak ada komentar:

Posting Komentar