Kamis, 10 Juni 2010

Lasminingrat & "Sakola Eropa" di Sumedang

Dina memoarna R.A.A Martanagara (kungsi diposting didieu), di Sumedang baheula di abad ka 19, ngadeg Sakola Eropa keur Wanoja anak-anak menak Priangan. Ceuk Martanagara ieu sakola munggaran keur awewe nu ngadeg di Priangan (boa di Indonesia?). Kapala sakolana Meneer Warnaar. Muridna 12 urang anak awewe para bupati di Priangan (Iwal ti bupati Cianjur nu teu ngirimkeun anakna saba masih cangcaya kusabab guruna Non Muslim).

Jigana salah saurang muridna R.A.A Lasminingrat, putra awewe Panghulu Muhammad Musa, istri Adipati Aria Wiratanudatar VII, bupati Garut jeung salah saaurang tokoh Wanoja Indonesia nu sabenerna mah bisa disajajarkeun jeung Ibu Dewi Sartika jeung R.A Kartini. Dina "Garutpedia" Lasminingrat dikirim ka Sumedang kulantaran aya walanda sobat ramana Levyssohn Norman nu cicing di Sumedang (engkena walanda ieu jadi sekertaris Gubernur Jendral di Hindia Walanda).

R.A.A Lasminingrat wanoja nu maju pikiranana ngaleuwihan jamanna, malah sabenerna mah bisa disebutkeun anjeunna saleresna cikal bakal "gerakna" wanoja Indonesia teh sabab "kiprah" anjeunna jauh sateuacan RA Kartini atawa Dewi Sartika.

Tapi anehna aran Lasminingrat ampir titeuleum kakara diguar ayeuna-ayeuna, oge perkara "SAKOLA EROPA" keur awewe di Sumedang sarua tara disebut-sebut. siga nu dipopohokeun atawa dihaja dipopohokeun. Kunaon nya? Pedah Lasminingrat putrana Moh Musa nu caket ka urang Walanda kitu? Kunaon deui sakola keur awewe di abad ka 19 teu disebut-sebut dina sajarah? Pedah sakola husus keur anak menak kitu jeung guruna urang Walanda?

Duka, kuring mah teu ngarti, padahal ari perkara Walanda guruna mah, Bung Karno jeung Bung Hatta ge guruna Walanda, R.A. Kartini oge sobatna urang Walanda .....

Baktos,
WALUYA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar