Selasa, 15 Juni 2010

"Enon" Meuli Buah (Bogor, Taun 1915)

Karunya nya eta enon2 teh geuningan ti panti asuhan. Mangkaning, sakumaha dina buku "Api Sejarah" seratan Prof Mansur Suryanegara (penerbitna mah tiasa ditaros kang Ahsa), kompeni (VOC) anu mimiti dikirimkeun ka wewengkon urang teh lolobana urut narapidana di nagarana (Walanda). Matak pantes garalak.

Oge ceuk eta buku, di Eropa, perselisihan antar agama (khususna antara anu nganut Katolik jeung anu nganut Protestan) teh kacida seukeutna. Agama anu hiji lamun keur nyekel kakawasaan nandasa leuwih ti misti ka nu nganut agama lianna (Protestan). Sok komo deui talajak urut narapidana.

Matak, cenah, ku ayana tanam paksa anu salah sahiji tujuanana nyaeta pikeun numpes kakuatan para santri / potensi-potensi pemberontakan ka Walanda - disagigireun  pikeun ningkatkeun rajakaya Walanda - rahayat bangsa Indonesia harita jadi kacida katalangsarana. Akibat saterusna, timbul oge sifat pamalesan (da keur naon digawe oge sabab hasilna diringkid ku VOC/Walanda). Kitu sabagean tina guaran anu aya dina buku "Api Sejarah" anu disebutkeun di luhur.

manar

 

 

Foto-foto jaman kolonial tiasa dikorowot sapalih di tropenmuseum.nl, pilari box image atau photo. Kitu deui di kitlv.nl, volkenkunde.nl, natinaalarchief.nl, nya mun teu bisa basa walanda, pilari english version J

 

Aslina mah, foto2 teh sanes di museumna, da basa ngulampreng ka dinya, usum tiris kamari, teu manggihan loba foto. Aya ge foto bule. Foto2 sejena, komo nu aya pribumi na mah, di perpustakaanana. Gigireun tropen musem (museum tropis) amsterdam. Urang bisa motokopi, mayar tapi.  Baheulana mah cenah ngaran museum ieu teh museum kolonial, da nyaritakeun lalakon walanda ngajajah nusantara jeung suriname. Beh dieu, sigana jaman usum nagara jajahan merdeka, diganti ku tropenmuseum da walanda (rada) ngarasa era.

 

Sakola di walanda utamana soal sajarah urang sorgana, asal mental tabah, teu ngarasa keuheul teuing ka walanda. Haha

 

Ti ngobrol jeung prof peter nas, awalna mah walanda nu datang ka urang teh jalu wungkul. Beh dieu, pamarentah walanda ngirim oge bule istri dewasa, pikeun maturan londo jalu. Timana eta bule istri teh? Ti panti asuhan!

 




Meuli Buah ti Tukang Buah di Imah Urang Eropa

 

 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar