Rabu, 23 Juni 2010

LALAJO World Cup 2010 AFRIKA

Teuing kunaon sikuring lamun lalajo piala dunia hate teh sok asa condong ngadukung ka nagara2 anu lain ti eropa/ amerika atawa teu dipaporitkeun saperti anu diantarana disebutkeun ku kang Abbas, Ghana ngalawan Jerman lalajo sakeudeung tp kaburu tunduh, enya maenya hade komo eta kipper na sumanget pisan, tah palebah amerika maen mah lalajo nepi ka rengse, asa ngilu kuciwa aljazair kaasupan dimenit tambahan/perpanjangan waktu.  Kesel kupamaena alzajair, dimenit eta nyerang tp anger sok gura giru pas diserang balik hararese baralik deui.. jiga nu ngahajakeun hayang draw.  Sabalikna amerika sumanget pisan meni but bet, eta si donofan akhirna jadi bisa oge ngasupkeun.  Urut presiden amerika anu kungsi saliwatan kasorot kamera, Clinton pasti kacida bungahna.

Sikuring mah hanjelu, asa hayang maledog tipi tp teu jadi ah da lebar

 

Tukang lalajo, lain pangamat

 

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar