Selasa, 06 Desember 2011

FW: [kisunda] Carbung _ Sukat Sunda ka VII

Episode ka-6  KI NURUSTUNJUNG KA II

 

Ki Nurustunjung neruskeun caritana, ayeuna mah soal manggihan manehna; cenah mah manehna ti umur 4 taun kapanggih keur ceurik sisi leuweung nu deukeut ka kampung Leuwi Seeng; tapi ti eta sisi leuweung nepi ka Kampung teh aya ka na welasan kilona; nya ku Ki Nurustunjung eta budak dibawa, dirawat nepi ka nganggap Ki Nurustunjung bapana sorangan.

Ku sabab teu nyaho saha ngaran budak, jeung anak saha, nya ku Ki Nurustunjung dingaranan; nu geus kaliwat dingaranan si Pungut jeung si Pulung; ari ieu saha nya ? Aya tilu poe tilu peuting mah meureun Ki Nurustunjung mikirkeun ngaran budak panggihna teh; piraku cenah ari dingaranan si Pulung deui mah ? Kapanggihna di sisi leuweung; tapi lain monyet; jelema ieu budak teh. Ah rek diaranan si Jalma we, ngabedakeun yen eta budak masing kapanggih sisi leuweung oge, LAIN MONYET ! Nya ti harita eta budak dingaranan si Jalma.

Ki Nurustunjung nyaaheun pisan ka Si Jalma teh, lantaran Kacida calakanana naon wae nu diajarkeun, ngan sakeudeung geus bisa dilakukeun ku Jalma. Elmu naon we; lain wungkul elmu kanuragan. Jeung mun aya jampe; sakali we disebut; terus ngan sakeudeung geus apal. Jeung Jalma tara loba ngabantah, naon wae nu diparentah ku Ki Nurustunjung; terus we dipigawe engke mun satengah gawe aya kasulitan, kakara Jalma bebeja ka Ki Nurustunjung; atuh kakara ge 10 taun diajar sagala ku Ki Nurustunjung; kamajuanana Kacida lajuna. Ki Nurustunjung bungah pisan, na hatena yakin yen "MURID" nu dipikahayang ku manehna, nyampak aya di Jalma; atuh beuki soson2 ngajarna ieu Ki Nurustunjung. Sagala ujian geus dicoba ka Jalma; tapi unggal2 lulus wae; malahan na hiji mangsa mah Ki Nurustunjung kapeupeuh igana; mani tibubuncelik Ki Nurustunjung , ku kaget2na; jeung ngarasa nyeri. Ti na kaget manehna gumbira terus nyakakak mani lila pisan; geus kitu terus diuk; ngagupayan ka Jalma.

Ki Nurustunjung paromanna Kacida bearna, teu weleh seuri terus we ngusapan sirah Jalma; pok ngomong:"Hehehe, maneh geus tamat Jalma ! Maneh geus ampir nyaruaan kami. Ku sabab kitu maneh bisa indit ti ieu KARANG Lungkawing; jung neangan pangalaman jeung kahirupan anyar. Tah di ditu, di kumpulan manusa sejenna maneh bakal leuwih loba diajar; jeung nya di dinya palajaran maneh nu sabenerna mah; ari di dieu mah, ngan ukur dadasar wungkul. Maneh kudu diajar tata krama manusa nu Umum; ulah cara Kula nu loba cawadeunana ! Poma maneh tong gampang2 ngaluarkeun kabisa maneh, ari teu perlu mah. Mun bisa rusiahkeun pisan ulah aya nu nyahoeun yen urang bisa gelut. Engke di Lingkungan manusa nu umum, maneh bakal panggih jeung Jago2 Kanuragan, saperti CIBARUSAH, CIKALONG, CIMANDE; PLEREDAN jrrd. Jeung awas aya oge KUNTAUW Cina. Ari Elmu Kula mah diolah ku Kula sanggeus sababarha poe semedi menekung, mesuh raga; ti na elmu2 nu aya ku Kula diringkeskeun, terus dicampurkeun jeung diolah; nepi ka jadi saperti ayeuna ! Tah eta teh waktu Kula umur 40 taunan ! Ku sabab teu nyaho hasilna; ari hayang nyaho kudu dibuktikeun; nya atuh Kula teh nguriling; lain wungkul di Pasundan dalah ka Tatar wetan jeung ka Sabrang ge; geus dilakonan ku Kula. Hasilna loba GURU2 Silat nu paragat ku Kaula; Kula bungangang yen hasil hese cape teh kapetik. Tapi ti harita jadi loba musuh, utamaana ti Tatar wetan; da ari Tatar Sunda mah oah2na sarieuneun; tong boro pasinghareup singhareup; kakara ngadenge ngaran Kula disebut oge geus barirat sarieuneun ! Naon hasil akhirna ? Pada ngajarauhan ! Pada ngamusuhan. Heeeeh; ahirna jadi jalma teu normal, nyorangan euweuh batur hiji2 acan !

Ki Nurustunjung eureun heula nyaritana; meureun sedih atawa kasedih sejenna.

Ki Nurustunjung neruskeun amanatna :"Tah nu matak maneh mah Jalma; ku Kula geus diturunkeun kabeh elmu; tah maneh ulah nurutan Kaula; gagal sabage manusa; gagal sabage Jelema normal ! Naon sababna maneh dingaranan Jalma ? Lantaran Kula hayang maneh mah ngalakukeun kalakuan nu parok jeung batur.

Ulah hayang ngajago atawa pang jagona ! Da euweuh gunana; tah buktina Kaula  

Ayeuna; sosoranganan teu boga batur keur ngawangkong2 acan. Enggeus eta ge baheula Kula kawin, bari rada kapaksa; aya sataun, terus we Kula kabur; nya nepi ka tempat ieu; ieu teh salah sahiji alesan pikeun ngajauhan si manehna. Ayeuna duka di mana tah si manehna teh ? sigana mah boro2 hayang neangan Kula tah si kasebelan teh; sigana mah terus we neangan "Lalaki" sejen.

Jalma motong :" ah mo enya bapa. Boa geus neangan tapi teu kapanggih kapan tem patna ge sakieu nyingkurna ?!

"Enya, cek Ki Nurustunjung ngaenyakeun. Tapi manehna teh mumpuni oge, lain sambarang awewe; manehna urang Jawa tapi bisa ngomong Sunda; malah Sunda Priangan bisaan pisan. Eta Nini2 teh teu nyaho geus kojor teu nyaho aya keneh; da buktina teu nyusul ka Kula. Meureun mun panggih tea mah pangling da sarua geus kolot pisan."

Jalma megat kalimah deui:"Cing pa sebutkeun saha ngaran eta nini2 teh engke mun panggih bakal dibejakeun ka Bapa."

Ki Nurustunjung:"Hahahaha ! ah eta nini2 teh teu penting2 teuing keun we lah; ngan aya hiji hal nu ku maneh kudu diusahakeun nya eta neangan nu Maha sagalana !"

Jalma rada kerung teu ngarti:"Naon nu disebut Maha sagalana teh ?"

Ki Nurustunjung :"Kaula geus mikirkeun yen di ieu alam aya Hiji nu Nyekel Kakawasaan; nu moal aya nu bisa mapakan; jeung Kula percaya urang sakabehna teh aya dina keupeulan eta Nu Maha Tea. Tah teangan ku maneh; mun geus panggih bejakeun ka Kula. Eta mah penting pisan. Ngarti !?"

Jalma:"Heueuh ngarti, tapi sok we sebutkeun ngaran pamajikan bapa teh, ngarah sakalian, nu mana we nu panggih ti heula."

Ki Nurustunjung:"Nyi Padmini; mun panggih aya tandana, nya eta tanda hideung di na ceulina nu katuhu; tah mun papanggih jeung nini2 kitu bari ngaranna Padmini; moal salah tangtu si ETA !"

Jalma:" keun rek diingetkeun pisan."

Ki Nurustunjung:"Di na enggoning neangan nu Maha tea; tong dicampur adukkeun antara agama jeung neangan nu Maha; da ari Agama mah Kula teh kaasup geus Islam; da maca Syahadat; kitu deui maneh kapan. Baheula dititah maca dua kalimah syahadat jeung disunatan. Eta hartina Islam; tapi cenah kudu shalat jeung jakat; Kula teu ngarti ! Nepi ka ayeuna can ngajaran ngalaksanakeun boh shalat boh jakat; komo puasa mah. Tah pek we Elmu eta ge siar ku maneh; da Kula mah soal kitu mah TUNA pisan !"

"Kade Jalma," Ki Nurustunjung neruskeun omonganana, ulah wani2 maneh ngalawan ka Kumpeni; sabab maranehna boga senjata nu hebat pisan; hamo bisa dilawan ku urang; jadi sabisa bisa maneh kudu ngajauhan ti Kumpeni jeung seke selerna; mun henteu bahaya pisan; geus sababaraha jagoan nu wawanian ngalawan; akhirna mah teu mangga pulia; jadi sing sabar nyanghareupan bangsa Kumpeni mah; kajeun ngelehan; maranehna memang rata2 adigung adiguna; tapi aturanana disiplin pisan; nu matak rata2 meunang wae perangna.

" Jalma  enggeus sarena ?" Jalma buyar lamunanana, sabab nu manggil teh nyata Ki Sarlita; terus we Jalma beberengkes ; sanggeus beres kakara kaluar bari ngajingjing buntelan.

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar