Rabu, 07 Desember 2011

FW: [kisunda] Cersil Sunda ka -15

 

 

Naooon !?.......... para begal meh bareng; kabehanana aya rasa kasieun tapi ngan sakeudeung; cakakak si Jara ngagakgak:"Hahahaha ! Lucu ieu budak leutik teh bisa ngabodor ! Memang lamun eta omongan disebutkeun 30 taun katukang mah, bisa jadi urang sarerea bakal sieun ! Tapi hahahaha; ayeuna mah Ki Nurustunjung na ge boa geus euweuh dikieuna; di na ayana ge meureun geus tawehwoh lumpuh ! Hahahahah !" Ger atuh begal2 pada sareuri jeung salusurakan.

Jalma ayeuna mah apal; yen memang bener Ki Nurustunjung dipikasieun; tapi sigana kiwari mah geus rada buyar eta kasieun teh; ku sabab Ki Nurustunjung memang ampir geus tara kaluar deui ti Karang Lungkawing.

Ku sabab Jalma rada ngabetem Para begal nyangka, yen pasti Jalma sieuneun ; terus sareuri bari ngaweweleh:"Hahahaha ! ku sabab sieun kojor ieu budak teh; terus we mamawa ngaran Ki Nurustunjung ! Marukan urang rek keueung ! Rek sieun ! Hahahaha!"

Ki Jara:"Ieu budak teh ngora keneh pisan; kumaha mun ku urang kukut sina jadi juru masak; karunya oge ngora2 paeh mah !"

Si pendek pipilueun ngomong:"Teu bisa ! Manehna geus ngarugikeun uing; padahal mun henteu meureun aya kana 10 ringgitna harita bakal hasil ngabegal si sudagar ; tapi kaburu ieu budak pipilueun !"

KI Jara seuri mani nyakakak:"Hahahaha, nya bodo sia we eta mah ! maenya ku budak leutik kieu wae eleh ! Eh Jang ! Daek sia jadi juru masak !?"

Jalma mikir lamun rek nalukkeun ieu para begal; kudu di kandangna sakali; ah keun we hayang nyaho; bari neangan pangalamn; nya Jalma bari siga nu sieun unggeuk.

  Saterusna Jalma milu we ka Ki Jara jeung rombonganana; sajajalan para begal saleuseurian gumbira; bari terus ngageuhgeuykeun si tilu begal; ngan si tilu begal we nu ngabetem wae teh; bari keuheul, bari panasaran. Tapi teu wani ngomong naon2 , ngabetem we sapanjang perjalanan teh.

Jauh oge, leuweung tempatna eta para begal teh, da ngaliwatan sababaraha pasir; ahirna nepi ka hiji pasir nu leuwih gede ti batan pasir2 nu geus kaliwatan; ti dinya Ki Jara naek ka pasir nu gede tea; terus nanjak ka luhur; jalanna leuwih tarahal ti batan nu geus kaliwatan; ayeuna jalanna mudun, bulak belok anjog we ka hiji landeuh, nu kaciri subur, aya susukan rada lumayan gede; caina herang ngagenyas. Di dinya aya sababaraha saung, meureun tempatna ieu para begal, dijieun ti na bilik nu basajan pisan; handapna palupuh; ari hateupnaa ti na injuk dipasangna kaciri sambewara pisan; nu penting sigana asal tong kahujanan kapanasan. Di dinya ge geus aya tukang masak, tapi geus kolot; tah cenah Jalma teh keur ngaganti si Gandi nu mindeng geringan. Barang jol ge brak we begal2 teh dalahar jeung lauk meunang ngala ti susukan; cabe bawang da loba di dinya; diusahakeun dipelak; ari uyah mah meunang nguyang "kurir" nu sok indit2an nya eta Ki Surba, asalna ti daerah Cirebon, teu nyaho palebah mana Cirebonna teh. Jalma oge deker milu dahar, terus ditempatkeun sasaung jeung Ki Gandi. Ki gandi teh nampana Jalma hambar we teu bear teu marahmay, malah siga nu karunyaeun ka Jalma.

Sanggeus istirahat sakeudeung, Jalma terus we ka susukan ngadon wudu terus we shalat na batu lempar; kabeneran aya sisi susukan; karasa rada panas; ah disiraman we ku cai; akhirna Jalma anggeus shalatna.

 

HANCA

__._,_.___

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar