Selasa, 13 Desember 2011

Fiksi Mini Sunda?

Cing ah nyobaan carita fiksi-na, mampang mempeung, teu ieuh agul ku payung butut, ngan hayang kutrat kotret we mempeung diwenangkeun ku ayana mini sunda hehehe…

 

Carita ka hiji # rada cawokah.

 

Kacatur ari di nagri Arab mah nelah dugika kiwari paling getol ngocomang ku basa syair, sisindiran, teu kolot teu budak asa agul, celeweung nu hiji muka syair, nu lian ngahaminan, mun seug teh ngarti kana basa na siga nu endah naker. Aya oge kecap nu remen jadi rarangken panyeluk ka sing saha wae, boh ka saluhureun, ka sasama, ka budak ka pamajikan, siga baheula nabi nyeluk ka siti aisyah ku nenehna "ya khumairah" si damis nu rada bereum tea.

Ya habibi, mereun ieumah sok remen ngadenge di urang ge. Tah mun ka awewe (utamana ka pamajikan) sok remen nyeluk ku nenehna "ya qomar" (si bulan), "ya asl" (si madu), "ya helluw" (si amis), "ya zahrah" (si kembang) jste.

 

Heseus masalah "Ya qomar" si bulan tea, ieu saeutik ngabalukarkeun bancang pakewuh ku alatan salah mangsa dina ngucapkeunana. Dina hiji peuting, aya sapasang pasutri keur sapatemon, kangaranan keur gawe peuting tea, sagala ucap nu ararendah teh kalaluar tina pasangan nu keur sapatemon tea, celengkeung teh si salaki nyarita ka pamajikanna, Ya qomar (mun ceuk urang mah.."sayaaang"… bulan akang, mereun hehe), angkat atu sampeanna, ditembal ku sora nu beda, hmmm…

Teu nyangka sora-sora nu aneh teh karekam ku anakna nu keur pereum hayam tea. Kadituna teuing kumaha.

 

Isukna, meneran mangsa budak sakola, palajaran teh keur ngaguar perkara ruang angkasa, teu kacatur kumaha jalanna eta pangajaran, ujug-ujung celengkeung weh si budak teh nanya ka guruna, "ibu, naha enya bulan teh boga suku?", ceuk guruna:"henteu atuh kasep, naha bet nanya siga kitu?".

Budak:"Geuning, basa wengi kamari mah bapa abdi nyarios kieu, 'bulan…angkat atuh sampeanna' "

 

 

 

Carita ka dua# Umum. Asana geus jadi bahan carita balarea, tapi keun urang balikan deui da asa pas pisan.

 

Ceuk beja, Arab Saudi teh karekam jadi nagri nu pang luhungna dina urusan paloba-loba kacilakaan lalulintas mah, teu ngabibisani, najan cicing di wewengkon nu ngan sacangkewok meni bruh breh kandaraan rujad alatan nabrak batur, cilaka sorangan (single accident) jste, ieu alatan kurangna kadisiplinan boh ti pihak pribadi boh ti pihak pamarentah, kaayeunakeun mah rada mending da aturan lalulintas diperketat, tiap jalan make kamera heseus mantau kacepetan jeung lampu setopan, mun ngalanggar nya didenda nu lain saeutik jumlahna, nu remen keuna denda nya nonoman nu hayang ngebut wae unggal lalampahan teh, teu saeutik nu sakali miang keuna denda nepika tilu opat kali na nu jumlahna nga-juta rupiah, samalah mun ngalanggar lampu setopan mah teu bisa minge, kudu diberok di kantor pulisi salila sapoe bari denda duit mah teu suwung, alusna teu ninggang di cacah atawa juragan, sarua denda na, can ngadenge aya pulisi nu beunang dikepeulan amplop siga di urang, sugan we kapok.

 

Samemeh aya aturan anyar ieu, nyaeta jaman kakacowan tea, kuring (ceuk wadul mah) miang jeung balad kuring urang Arab, dina lebah nyetir, bujur rerempodan da asa siga numpak mobil balap jeung off road tea, teu puguh aturanana, taya lampu sen jeung taya klakson estu asa numpak munding edan.

Palebah lampu setopan, meneran lampu keur hejo nu hartina wenang maju keur nu boga hak na, ari reg teh balad kuring ereun handapeun lampu bari culang cileung, atuh kuring heran, naha anjeun bet ereun, pan sidik lampu teh hejo !! Tanya kuring ka manehna. Manehna can ngajawab, ukur culang cileung ka sisi ka gigir, sanggeus sawatara waktu, lampu ganti jadi bereum, ana lenyap teh kuring, pas meneran lampu bereum langsung balad kuring tancep gas maju satakerna !!!

 

Naa ari sia gelo, jurig !! ceuk kuring bari pias… sia teh ngarti teu artina bereum, koneng hejo lampu setopan the?!? Kuring nyureng bari hate mah sakuat tanaga ngumpulkeun pangacian deui.

Serengeh teh si Arab seuri bangun nu lugina naker bari ngajawab pananya kuring, "maneh teu apal, didieu mah jalma teh geus professional euy, lamun lampu hejo eta hartina ereun sabab sasaha ge apal, ti beh ditu nu lampuna bereum pasti mobil pada ngebut eweuh nu ereun, tah justeru meneran lampu urang nu bereum, ti jalur urang pada ngebut paudag-udag, tah kitu caritana, kasimpulanna urang dieumah professional euy… professional !! ngarti !!!"

 

Kuring ngan hungkul ngahuleng ngaragameneng, aya kituna Saudi euy… geuning lain urusan maca wungkul nu beda teh, heeuh pan maca arab mah ti katuhu ka kenca lin? Geuning ka asup urusan lampu setopan oge, ceunah mah professional… bener-bener gaya.

 

 

 

(ieumah carita teh carmin nu panjang nya Ki hehehe)

 

 

 

 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar