Selasa, 06 Desember 2011

FW: [kisunda] Cersil Sunda ka-12

 

Episode ka 8 – Jalma ka Leuwiseeng

Jalma inget ka na omongan babaturan sakobong , Ki Somad, yen Leuwiseeng teh rada jauh oge; aya ka na 25 KM na; Jalma ngagedig we leumpang, nuju ka Leuwiseeng; manehna oge inget Si Somad harita ceurik2 hayang milu; da nyobat pisan Jalma jeung Somad teh; tapi Jalma embung diiluan, lantaran cenah lebar keur ngaji kapan; mangkaning Ki Somad mah katinggaleun pisan ngajina teh; da teu calakan model Jalma. Tuh engke Neng Siti leungiteun, mun Somad milu tea mah, karunya. Disebutkeun Siti mah Ki Somad teh teu terus hayang milu; lantaran Jalma apal ka na ketak Ki Somad sapopoe; kaciri Ki Somad teh naksir ka Siti; nu matak Jalma nyebutkeun Siti bakal leungiteun.

Sajajalan ti Wanayasa ka Leuwiseeng, estu tarahal loba batu; jeung masih leuweung geledegan deuih, meureun loba sato2 garalak di dinya. Tapi Jalma teu sieun ku bangsa sato teh; da baheula ge di basisir sering manggihan oray matih; tapi teu ngabahayakeun ka Jalma; mun wani nyerang tea mah, pasti nganteurkeun nyawa si oray teh; ka Jalma, nu mumpuni elmuna.

Barang Jalma keur anteng leumpang; di hareup aya tilu jelema ngabedega; terus nyorowok:"Eh budak, eureun heula." Jalma ngarandeg; barang rek ngomong deui , dua pihakanana sarua ngagebegna , ti na teu nyangka bakal panggih di dinya. Eta nu tiluan, ti na urut kasar jadi leuleuy, nu hiji pok ngomong:"Eh Ujang, ari Ujang teh atuh urang mana? Baheula geus wani ngahalangan bapa megat sudagar; ayeuna urang panggih deui. Deuk ka mana atuh sampeyan teh ?"

Jalma apal ka tilu rampog nu megat Ki Sarlita, pok nyarita:"Geuning aya di dieu ? Kuring mah urang basisir laut Kidul,  ayeuna rek ka Leuwiseeng, ari paman sadaya aya naon ngajega di dieu ?"

Cek nu saurang nu kumisna baplang:"Yeuh, urang teh teu hir teu walahir, mun bisa mah ulah silih ganggu; andika2 kula2; ari ieu memang tempat kula tiluan; ari andika rek kamana budak ngora ?"

Jalma:"Yeuh paman sadaya, naon untungna jadi begal ? hirup teu tengtrem…………"

Kakara ge sakitu nu pendek nyentak:"Geus dibejaan ulah pipilueun urusan batur ! Ayeuna geus pok pisan mapatahan !  Enya andika jago, tapi Kaula tiluan geus latihan, lantaran kaeraan baheula eleh ku andika, tapi ayeuna mah can puguh."

"Jeungna deui, elehna teh ku sabab Kula tiluan nganggap enteng teuing ka andika."

Jalma:"Enya. Tapi memang urang teh boga jalan sorangan2; jadi punten we kuring rek neruskeun lalampahan."

Eta nu tiluan nyangka yen Jalma sieuneun, terus we si Jangkung, begal nu katilu nyentak:"Nu matak oge ari jadi manusa, ulah sok pipilueun urusan batur, ngarti !?"

Si kumis baplang nyambung:"Sok ayeuna urang tangtukeun, naha aing tiluan nu kudu ninggalkeun ieu dunya; atawa sia ku aing diperenan."

Jalma:"Ah ari nyawa mah da lain urang nu nangtukeun anging Pangeran."

Si pendek mairan:"Tong mamawa Pangeran, barina ge naon Pangeran teh ?"

Jalma:"Pangeran teh nya eta nu nangtukeun hirup paehna manusa…………"

Kakara ge sakitu si Jangkung motong:"Repeh siah tong ngomong ngaco sia hah !"

Sok ayeuna geura gerak deui hayang nyaho, ayeuna aing tiluan bakal  ati2 pisan ngalawan andika ! sebutkeun ngaran andika, bisi kojor teu ninggalkeun ngaran."

HANCA

__._,_.___

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar