Selasa, 27 Desember 2011

[kisunda] Fikmin - Gambar Parahu Dina Kikisik

Fikmin # Gambar Parahu Dina Kikisik #
Godi Suwarna

Puguh wé sono kacida. Geus puluhan taun téa. Kari-kari diparengkeun tarepung deui dina malem taun baru. Ngariung di tempat nu teu weléh ngancik dina panineungan. Pangandaran. "Waas, nya? Asa karék kamari!" ceuk Dikdik sabot ngagambar écéng dina kikisik. "Manéh mah angger waé, Dik! Kasép!" omong Riche bari tuluy ngagambar jamparing niruk écéng. Dikdik ukur nyéréngéh sabot neruskeun hanca: gambar écéng jadi layar parahu. "Ari Si Ajat teu dibéjaan?" Budi nanya. "Dibéjaan ku urang!" walon Yani. Der ngarupat Si Ajat. Murid nu pangkuperna. Malem taun baru harita gé, basa rék narumpak parahu, Si Éta mah kudu dipaksa. Sabot nu séjén galécok, Didik anteng ngagambar parahu nu dikepung lambak. "Wah, geus subuh, yeuh!" Didik mungkas obrolan sabada nganggeuskeun gambar. Saréréa ngalieuk ka béh wétan. Balébat. "Taun hareup ngariung deui di dieu, nya?" ceuk Tuti. Saréréa sapuk. Ti dinya, ujug-ujug lus-les. Ngariles. Balébat beuki ngempur, ngahibaran gambar parahu nu tikalebuh.

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar