Senin, 12 Desember 2011

#Fikmin "JURUS SILAT PANGAMPUHNA"

 

On Behalf Of oman abdurahman

 

 

Seug. Kalawan catetan yen kuring oge keur diajar, sakapeung karangan teh henteu mini-mini teuing; sakapeung miang tina kajadian/pangalaman anu nyata. Nyanggakeun ieu fiksi mini (fikmin) kuring anu kahiji:

#Fikmin "JURUS SILAT PANGAMPUHNA"

 

Geus aya dua jamna abah nyaritakeun sababaraha pakem silat Cimandé. Ti mimiti ulin bari diuk, nepi ka kumaha para jawara Cimandé sakitu hormatna dalah kanu kasebut budak ogé, teu kurang-kurang nya sopan santun. Harita, waktu geus ngagayuh ka janari leutik, tapi, kuring limaan jeung babaturan tacan aya nundutan saurang ogé. Tong boroning nundutan, teu heuay-heuay acan bubuhan pogot ngaregepkeun dadaran jurus silat Cimande. Ongkoh deui tadi méméh medar cariosanana téh, abah ngajangjian, yén peuting ieu  anjeunna badé ngadadarkeun jurus pangampuhna di paguron Cimandé. Kuring limaan geus buleud patékadan, peuting ieu arék nanggap abah kajeun teuing masing kudu bagadang sapeuting jeput ogé. Sabab, kasempetan tepung jeung abah téh arang pisan, bubuhan abah ayeuna keur mingit sorangan, saurna, keur nulis buku pakem silat Cimandé. Ari peuting ieu, kuring limaan dijangjian arék narima pisan bocoran éta rusiah jurus silat anu kawentar di Tatar Sunda, piraku kudu éléh ku tunduh.  "Jang, geus sariap, abah arék medar jurus pangampuhna tea yeuh?", saurna ngagétkeun kuring limaan. “Oh, kantenan abah, abdi sadaya siap”, ceuk kuring limaan meh bareng. “Dupi namina éta jurus  naon, abah?”, si kuring ngawani-wani tatanya bakat ku panasaran, jeung minangka ngawakilan babaturan anu limaan. “Talék!”, walon abah pondok tapi agem. Sanggeus rada simpe,“Heug yeuh, geura regepkeun”, abah ngamitian pedaran pamungkasna.  “Ari anu disebut ‘talék’ téh taya lian ti yén lamun aya anu ngajak paséa, ngajak tarung, ka urang, urang satekah polah kudu nyinglar éta papaséan, ngajauhan hiji pacengkadan anu nepi ka kudu tarung!”, “Tah sakitu anu disebut ‘talék’ téh!”, sora abah simaan kacida. Jep kuring anu limaan jempé bari ngawangwang lamunan séwang-séwangan.

 

Oman Abdurahman, Bandung, 09 Oktober 2011#

_

Tidak ada komentar:

Posting Komentar