Selasa, 13 Desember 2011

[kisunda] Fikmin - "DRAMA"

Aya fikmin keur mumuluk, beunang nyalin tina group diskusi FB, "Fiksi Mini Sunda".

Fikmin#DRAMA#
Ku Deden Abdul Aziz

I
JURU potrét koran jeung majalah cakah-cikih ngatur mahasiswa nu keur démo ngarah meunang gambar nu alus. "Molotovna balédogkeun pas pulisi datang ngabubarkeun aksi!" ceuk salah saurang kaméramén TV. Laju mahasiswa kaleprok. Gur. Seuneu ngabebela tina mobil patroli nu diténggor botol molotov. Buriak, mahasiswa dibuburak. Buk-bek. Mahasiswa. Pulisi. Getih di mana-mana. Getih mahasiswa. Getih pulisi. Ngahiji. Wartawan pahibut paheula-heula meunang angle pangalusna keur suguhkeuneun ka publik.

II
ANGGOTA Détasemén Markas (Dénma) Polda cakah-cikih ngatur tempat keur Kapolda nu rék mingpin acara konférénsi pérs. Sababaraha urang fotografer jeung kaméramén nu saméméhna ngaliput aksi mahasiswa ngaduruk mobil puilsi, diuk dina korsi sakitan. Maranéhna maké seragam nu aya tulisan 'Tahanan Polda'. "Atur supaya posisi tahanan jeung komandan simetris supaya alus keur gambar nu rék dimuat," ceuk Kasi Penerangan Umum. Wartawan pahibut paheula-heula meunang angle pangalusna keur suguhkeuneun ka publik.

III
MANG Ikin jeung Bi Ikah caka-cikih hareupeun TV. Pahibut paheula-heula nyokot rémot. "Berita, Ikaaaahhh..." Mang Ikin ngagorowok bari ngarebut rémot tina leungeun Bi Ikah. "Mangké heula éta sinétron 'Nini Yang Tertukar' can anggeus, Sarkiiiiinnn..." walon pamajikanana teu éléh gorowok. "Mending berita mahasiswa nu ngaduruk mobil pulisi jeung wartawan nu dicerek pulisi, Sarikaaaahhh!" Mang Ikin ngajejek bobokong Bi Ikah. "Ceuk aing sinétron heula, sinétron sia téh!" Bi Ikah ngajérété. Der duanana papuket. Silih jenggut. Silih dengkék. Rob tatangga. Burudul wartawan. Pahibut paheula-heula meunang angle pangalusna keur suguhkeuneun ka publik...*

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar