Selasa, 06 Desember 2011

FW: [kisunda] CERSIL Sunda - ka9

 

"Nya sakulawarga we, ayeuna keur ka karebon. Biasa. Bieu si bungsu tos nganteuran timbel ka kebon, engke ge pasisiang baralik ; da kapan muru waktu Lohor."

Jalma rada teu pati ngarti naon nu disebut lohor teh, manehna rada ngahuleng, terus nyarita deui :"Ari Lohor teh sakedap deui ?"

"Muhun, engke ge bedug disada; terus we murudul jalma2 ka masigit."

"Dimana masigitna ibu ?" cek Jalma, beuki hayang nyaho.

"Teras we maju ka kaler ka jalan ieu; engke mengkol ka katuhu, teras we aya Masjid di dinya."

Kabeneran Jalma enggeus daharna sanggeus mayar duit sakelip, dipulangan 3 sen, Jalma permisi rek ka masigit, Si Ibu tukang warung nganuhunkeun pisan. Leos we Jalma nuju masigit nu dituduhkeun ku tukang warung.

Enya be aya Masigit teh, diwangun ti na kai, alus pisan; geuning gede oge masigit teh nya? Gerentes hatena. Nyampak geus loba oge nu ka marasigit; samemeh hanjat ka masigit; da panggung masjid teh, kudu kukumbah suku heula; malah lolobana mah ngarusap beungeut di balong nu nyambung ka masjid, terus ngarumbah leungeun nepi ka siku; ngusapan sirah jeung ngumbah suku; eta teh diperhatikeun ku jalma tilu kali tilu kali ngumbahna; naon eta teh nya ? Naha make tilu kali ? gerentes hatena deui. Tapi teu loba omong Jalma milu we asup ka masjid, bari saencanna ngumbahan naon2 nu tadi katempo ku manehna.

Teu lila kadenge sora dur dur dur ! Rada reuwas oge jalma; teu kungsi lila aya nu ngahaleuang, tapi teu pati kaharti ku manehna; ngan kadengena siga alohuakbar2X kitu; ayeuna mah beuki loba nu asup ka masigit teh; rata2 lalaki; duka kamarana ari awewena mah; barudak leutik ge loba; nu kadengena ku Jalma mah cenah eta teh santri di dinya.   Terus we jelema2 narangtung; terus acong2an duka keur ngalakukeun naon; Jalma teu ngarti. Jalma cicing we da teu kahartieun, ngan manehna nengetan sagala gerak laku eta jelema2 nu keur acong2an .

Teu lila disambung deui ku nu ngahaleuang, ayeuna mah wirahmana leuwih gancang ti batan nu mimiti; tapi angger aya alohuakbarna. Barang nepi ka na kodkomatisolat; kabeh jelema narangtung; nya atuh Jalma oge milu nangtung kabawakeun."Ieu meureun nu disebut salat teh; da aya kodkomatisolatna. Manehna teu ngarti sama sakali, tapi milu we da hayang nyaho; kaciri ku manehna euweuh hiji ge jelema nu culang cileung, kabeh nempo ka handap; bari pating kecewis teu nyaho ngomong naon atawa maca JAMPE naon; nya Jalma ge kekecewisan we pipilueun; tapi nu dibaca jangjawokan supaya salamet tea. Eta Jelema2 Urang Wanayasa  kahandapna marake cenah mah samping palekat; kaluhurna lolobana make topi hideung, cenah mah kopeah, jadi nu teu make eta palekat jeung kopeah teh ngan Jalma wungkul. Tapi Jalma kalem we.

Akhirna rengse we, ditutupna teh ku salamlekum cenah. Lolobana barudal kitu wae; tapi nu posisina di harareup sasalaman ka nu nyorangan diukna panghareupna. Eta jelema teh kaciri geus kolot; janggotna ge geus barodas; make topi nutupan sirah ku topi bodas;   cenah mah nya jelema eta nu ngawangun ieu masigit teh. Pang akhirna sasalaman nya manehna; barang nempo manehna bubudugulan jeung teu make palekat; eta si topi bodas teh imut ngagelenyu; pok nyarita:"Ujang lain urang dieu nya ? geuning bisa shalat ? Cacakan budak keneh ?"

Jalma buru2 ngawalon:"Muhun bapa; kuring teh jauh ti sisi basisir Laut Kidul, teuteusingna iasa salat abdi mah ; malah rek guguru  kadieu"

Si topi bodas nyambung deui:"Euh Ujang teh musafir; sok atuh milu ka bapa; urang dahar di imah bapa"

Jalma:"Kuring nembe pisan neda teh, punten wae sanes nampik."

Si Topi bodas:"Hahahaha, keun we atuh teu dahar ge, ngopi we atuh, yu ayeuna urang ka imah bapa."

Jalma teh atoh pisan, lantaran asa aya jalan komo meuntas; nya teu kudu ngadua kalian Jalma ngintil we ka jelema kolot nu make topi bodas tea.

Ayeuna Jalma apal, yen eta nu boga masigit teh ngaranna Haji Syarif; topi bodas teh disebut kopeah haji. Salian ti masigit H Syarif oge boga pondok Pasantren ngaranna Miftahul Falah; cenah mah jalan supaya MEUNANG; Jalan supaya Salamet. Ari eta masigit dingaranan Al Istiqomah. Rada lieur oge Jalma ngabandungan babasaan nu teu pati kaharti, cenah mah basa arab.

Haji Syarif teh kawentar pangbeungharna sakampung Wanayasa mah; ku sabab kitu manehna mampu ngawangun masjid jeung Pasantren.  Cenah mah manehna aya teureuh ti Pangeran Cirebon; manehna cenah Murid Panghulu Cirebon; ku sabab kitu Elmu agamana lumayan oge , kitu deui dunya baranana; H syarif teh barang datang ka Wanayasa memang boga duit loba pisan; terus nikah ka urang dinya; nya akhirna bumen2 jadi urang Wanayasa. Ayeuna manehna teh boga tilu pamajikanana; anakna reuay aya ka na sawelasna.

 

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar