Baraya, pernah ngadarenge aya genre sastra, nu katelah Fiksi Mini?. Fiksi Mini dina basa Sunda keur maceuh di FB. Panasaran, kurulang-kuriling ngadeupaan Internet. Sugan aya katerangan, naon atuh fiksi mini teh. Nyeta geuning kiwari mah, kadar urang aya kahayang jeung kadaek we, sagala info bisa disusud ukur ku ngutek-ngutek dua curuk. Jauh pisan jeung jaman uing ngadepong di Bandung, puluhan taun ka tukang. Hayang maca teh, melaan kukurilingan, mukaan buku murah meriah, sore sore, di Jalan Sukajadi, Cikapundung, Kebon Kalapa, atawa Palasari.
Ringkesna mah fiksi mini teh cenah, carita fiksi sauted. Nu ditulis ukur ku sababaraha kalimah. Aya nu mere gambaran, kira-kira ditulis dina 50 kecap cenah. Ngarah teu lieur ku definisi, aya conto hade ti Kang Hawe Setiawan, urang Cupumanik. Toong di handap geura contona. Najan mini geuning masih karagap guluyur caritana.
Ari uing lain rek nitah atawa ngajak narulis fiksi mini. Ngan kaideun ku MINI-na. Mun Rok Mini jeung Fiksi Mini sukses jadi media keur nepikeun eusi sirah pangarang ka nu macana, jigana taya salahna mun urang migunakeun konsep MINI dina widang nu non-fiksi. Ceuk ijiran uing, asa saluyu keur jurus tukeur informasi make media milis nu geus hirup leuwih ti heula. Nya ngarah gampang diinget mah, sebut we ngaranna "Info Mini".
Asana di milis Ki Sunda teh loba inohong dina widang masing-masing. Tegep jigana mun daraek nulis pangaweruh popiler dina widangna masing-masing make konsep "Info Mini".
Contona kieu, mun
====
Titis Tulis
Ku: Jeffrey Archer
Baheula di Bagdad aya sudagar nitah ladénna balanja ka pasar tapi can gé lila éta ladén téh geus balik deui, bari jeung pias tur ngadégdég, sarta pokna, Juragan, nembé téh di pasar aya istri megatan abdi di nu sakitu pagelek-gelekna, ari barang rét téh ditingal ku abdi horéng nu megatan téh malakal maot. Manéhna mencrong ka abdi bangun nu ngancam; punten wé, abdi badé nambut kuda, seja mios heula ti dieu kanggo nyingkahan nanasiban. Maksad téh badé mios ka Samarra wé supados teu kapendak ku malakal maot. Nya dibéré nginjeum kuda éta ladén téh ku dununganana, clak manéhna tumpak kana kuda, ceg masang sanggurdi, dius mabrét tibuburanjat. Geus kitu éta sudagar téh jig indit ka pasar, tur barang katémbong ku manéhna kami keur ngajanteng ti antara balaréa, srog nyampeurkeun bari pok ngomong, Naon pangna andika bet siga nu ngancam ka ladén kami tadi isuk-isuk? Na da kami mah teu ngancam teu sing, cékéng téh, pira gé ukur tatahar méméh nyieun nu ahéng. Puguh kami nu hélok bet tepung jeung manéhna di Bagdad, da kami mah meunang tugas nyokot manéhna téh di Samarra ké peuting.[]
__._,_.___
Tidak ada komentar:
Posting Komentar