Poe eta, sanggeusna shalat shubuh, Jalma kaluar masih poek keneh; Jalma kaluar rek ngagerakkeun badan saeutik; tapi aya nu nuturkeun barang dilieuk nyata bapana Nyi Epon. Nya duaan bareng leuleumpanganana; kira2 geus rada jauh, reg we Ki Astahiam, bapana Nyi Epon ngarandeg; terus ngajak ka kebon sampeu; di dinya Ki Astahiam ngala hiji sampeu apuy nu gede; terus nyieun pirunan di dinya keneh; da aya hawu, nu memang ngahaja dijieun di dinya ; lantaran sering dipake meuleum sampeu; kabeneran di Leuwiseeng hujan teh rada carang. Sanggeus sampeuna asak duanana ngopi beuleum sampeu; dariuk padeukeut; sanggeus sawatara lilana Ki Astahiam ngadehem; pok nyarita:"Jalma, ari Ujang geus mikirkeun kumaha pikahareupeun ?" Jalma:"Naon tea bapa ?" Ki Astahiam:"Enya eta.......... hehehe........... imah imah; naha geus aya pikiran ka dinya ?" Jalma rada ngahuleng, pok nyarita:"Maksad bapa naon ?" Ki Astahiam:" Eta ujang geus aya tetempoan ?" Jalma beuki teu ngarti :"Maksad bapa ?" Ki Astahiam :"Ih ari Ujang piraku teu ngarti maksud bapa ?" Jalma:"Henteu pa, leres kuring mah teu ngartos." KI Astahiam:"Naha Ujang can mikir hayang kawin ?" Mun enggeus mah, Jalma teh asa ngadenge geledek saleser ku reuwas2na ditanya togmol kitu ku Ki Astahiam. Jalma:"Boro2 bapa, da seueur keneh nu bade dilakonan ku kuring; duka iraha tah salsena tugas pribadi teh ." Astahiam:"Oh kitu ? Yeuh Jang bapa mah nanya soteh, bane we Ujang kapan nu nganteurkeun Si Epon ka dieu; geus nyalametkeun Epon; mun wae Ujang aya pikiran ka Epon, bapa caang bulan opatwelas, moal ngoretkeun." Jalma:"Duuuh bapa, nuhun pisan ka na kapercantenan bapa ka kuring. Tapi leres2 kuring teh masih seueur keneh tugas............. sanes kuring nampik; sarengna deui kuring teh kurang ihlas atuh, mun kuring boga pikir kadua leutik ka Nyi Epon." Astahiam:"Euh kitu ? keun we atuh. Tah ayeuna naon wae nu bakal dijalankeun ku Ujang teh atuh ?" Jalma:"Eu....... Pa manawi kantos ngadangu di dieu aya kajadian welasan taun kalangkung; aya budak leutik diculik !?" Ki Astahiam rada kerung.......... sanggeus rada lila, pok nyarita:"Eu.......... asana memang aya, wah harita jelema2 pada guyur; lantaran aya kaributan antara Nyi Emeh jeung salakina nu kadua." Jalma :"Kumaha tah pa, dongengna ? cik carioskeun, sabab hal eta penting oge kanggo diri kuring." Ki Astahiam:"Naon hubunganana Jang ?" Jalma rada ngabalieur ditanya kitu mah, tapi terus we dibalibirkeun:"Eta......... kuring meunang pancen ti Guru kudu neangan kulawarga nu leungiteun budak; kuring kudu milu bebela." Ki Astahiam:"Euh kitu? Kieu ari dongengna mah; tah Nyi Emeh teh urang lembur Leuwiseeng , nu imahna rada jauh ti dieu aya di pojokan kampung; imah2 jeung salakina KI Emed; boga anak hiji leutik keneh pisan; tapi imah2 Nyi Emeh teu lila da kaburu Ki Emedna maot; tapi teu lila rarandaan Nyi Emeh kawin deui ka Ki Jamhur, lain urang dieu tapi cenah mah Urang Pasir Nangka; eta salaki jeung pamajikan teh teu lila; kakara ge sabulan geus gur ger we sering pasea; malah kungsi oge pasea rongkah; nepi ka Nyi Emeh disiksa; nya atuh Urang lembur daratang misah; Nyi Emeh aluk2an ceurik cenah Ki Jamhur geus nyulik anakna; teu nyaho dibawa kamana? Ari Ki Jamhur teu tarima; nya der we pasea rongkah. Tapi sanggeus disilidik ku tua kampung, memang akhirna kapanggih yen memang Ki Jamhur nu nyulik eta budak, maksudna rek dijual ka dayeuh; tapi di sisi leuweung manehna nyeri beuteung; nya asup ka leuweung heula ; cul we budak mah ditinggalkeun. Ari balik deui, budak geus leungit ! Ki Jamhur pada maledogan, anu saterusna kabur duka kamana ? Kitu tah caritana." Ki Astahiam nutup dongengna. Jalma :" Ari eta budak saha ngaranna, jeung dimana ayeuna Nyi Emeh ?" Astahiam :"Ngaranna eta budak........... eeee........ mun teu salah Jatnika2 kitu ? Ari Nyi emeh satutasna ditinggalkeun ku anak; sering huleng jentul; sakapeung ceurik mani elih2an; eta teh carita ti tua kampung nu rada deukeut ka imah Nyi Emeh; akhirna Nyi Emeh ngiles; duka kamana teu aya raratanana ?" Sajongjongan mah Jalma ngahuleng; asa jauh panglamunan, mun teu digebah ku Ki Astahiam mah, Jalma terus we meureun neruskeun lamunanana. Ki Astahiam oge rada heran kunaon Jalma siga nu katarik pisan ka na dongeng soal budak leungit teh ? "Yu ah urang balik, da geus beurang, bisi nu di imah deudeupeun"Ki Astahiam nyarita, bari jung nangtung, nguliat sakeudeung, terus we ka jalan balik, kitu deui Jalma nuturkeun Ki Astahiam; pikiranana baluweng; emh Ema, ka mana atuh ? sugan teh bakal jonghok di dieu ? Kitu pikiran Jalma nu nguluwut waktu harita. Isukna Jalma pamitan rek neruskeun lalampahanana; ditahan ge geus teu bisa ditahan deui; Nyi Epon nepi ka hing2 ceurik, lantaran beurat pisan kudu pipisahan jeung Jalma nu geus numbu umur manehna. Jalma ngahibur Nyi Epon, yen engke ge dimana geus waktuna mah Insya Allah bakal bisa papanggih deui. Jadi Jalma inditna di na waktu ieu, diceungceurikan ku Nyi Epon. HANCA |
Selasa, 27 Desember 2011
[kisunda] Cersil Sunda ka 28
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar