Minggu, 11 Desember 2011

[kisunda] Cersil Sunda ka 17

Si Gandi nyampeurkeun, cenah rek ngabantuan Jalma, karunya loba nu nitah, bari kudu harita keneh; tapi ku Jalma dicaram, keun we cenah Jalma ge bisa ngalaksanakeun nu kitu2 wae mah. Jeungna deui Ki Gandi teh sering pisan kaserang rematik. Tuda geus kolot. Nya si Gandi cicing we, barina ge si kumis baplang molotan ti kajauhan.

Si Pendek datang nyampeurkeun, kasampak Jalma keur meuleum lauk:" Eh kalah ka meuleum lauk; pencetan aing yeuh nyareri awak !" Jalma teu ngawaro jongjon we ngageberan lauk supaya gancang asak. Si pendek jengkel, akhirna ngaleos :"Awas siah mun geus meuleum lauk, gancang datang ka aing, pencetan !"

Diantep we ku Jalma; jol deui si Jangkung, gantawang nyarekan:"Aeh siah ! ditungguan………….. teu embol2 ! mana teh manis titahan aing teh hah !? pira ge nyieun teh manis, mo enya lila pisan !"

Jalma kalem we ngageberan beuleum lauk; akhirna si Jangkung taak; leos we bari kukulutus jeung ngancam. Teu didenge ieuh ku Jalma.

Ari Si Ganda si kumis baplang; barang geus lila nyampeurkeun; barang datang manehna reup geuneuk ray pias; ku ambek2na; manehna nempo Jalma keur cacaleuhakan we dahar beuleum lauk.

Ku sabab Jalma siga nu ngahuleng teu siap; langsung bae si Ganda najong sataker kebek ! tapi si Ganda aduh2an lantaran nu ditajong, kai nu keur dipake diuk ku Jalma; Sakilat digilekkeun ku bujur make kakuatan tanaga jero, Jalma bisa nyalenggorkeun eta tajongan nepina ka na kai nu keur didiukan ku Jalma.Si Jangkung jeung si pendek ge geus kadarinya; seak we si pendek ngaheumbatkeun bedogna, dibarengan ku si Jangkung. Tapi Jalma bari tetep ngadahar lauk ngan ukur ngagilek bari nyorong gobang si pendek, nu persis nakis bedog si Jangkung; atuh duanana silih polototan; da leungeunna nyeri; ampir we lesot gobang ti na leungeunna. Si Kumis baplang oge geus mesat bedogna rek ngaraponan. Jalma jung nangtung, serengeh seuri:"Eh, arilaing teh geus hayang katilu kalina rubuh ? hehehe teu kapok2; kabeneran uing hayang ulin; geus paregel yeuh. Sarapan geus cukup"

HANCA

Episode ka 11 Tilu Begal taluk

Tidak ada komentar:

Posting Komentar