Rabu, 14 Desember 2011

Fikmin - Nyi Jompong (Basa Bantenan)

 

Fikmin #Nyi Jompong#
Rohendi Pandeglang

Jeprét!! sada tustél, marengan cahaya ngaburinyay, ka lebah nu ditopi hideung gambar badak, keur ngobok cai dina batu mukung pinuh ku lumut sisieunana.

"Kiruh amat nyah?", bari melong beulahan batu cadas nu ngagurat parat tepi ka pangcurugan saat. Laju ngalieuk kaburieun, horéng aya ogé, nyambung ka lebak kanu caina ngeyembeng kénéh,

"Doang tampar nyah?', si topi badak loba tatanya kanu motoan.

"Deuleu nu tadi dikobokan ku dia, doang tumbung nyah?!, Laju ...!", teu kebat, kaburu pareum, léptop euweuh gambaran.
"Polongo dia, teu nyaho aing keur kotor?!, culangung jasa, ngobokan aing... heuah!!". Brag!! Leungeunna ngagebrag meja. Léptop, topi badak, tustél, asbak ngarajlot.

"Héh... kunaeun Ka?!". Muncereng kanu mureleng.
Nu ditanya malah ngulahék kana korsi panjang, leuleus taya tanaga.

Bray!, léptop nu ragag gigireun sendal kénca, hurung deui.
Bréh!, poto guratan cadas, doang tampar panjang, ti curugan ka lebakkeun, muteran batu mukung, caina semu beureum, dikuriling lumut jabrig.

Kerung kebel neuleu gambar, ja asa teu moto saéndah kitu tadi téh.

Galécok kadéngé nu cacahan digigireun kamar, "Tilok aya nu mandi ka wahangan, Nyi Jompong keur halangan. Padahal di lembur cai keur garati, gararing. Geura baé dia kaditu, kulamah ogah!".
Séréngéh nu motoan seuri sorangan, ngalieuk kanu nahnay dina korsi. Héhéh... dia kasibat Nyai Jompong nu geus teu wanieun kebel, isineun mamarahanana, kwarimah.
...
(tumbung=larangan istri, burieun=tukangeun, ngarajlot=ngaracleng, ragag=ragrag, tampar=tambang, doang=siga, mukung=munuu, garati=harese, ogah=hoream, nahnay=nyangsaya, kebel=lila, tilok=tara, mamarahan=ngambek)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar