Kamis, 08 April 2010

Humor Kemis

 

Humor Kemis

Hiji peuting si Otong ditanya ku Bapana,"Tong, maneh geus sare acan?", "Acan Pa" , tembal si Otong.
Bapana ngambek bari nekean hulu si otong "Maneh teh leutik2 geus tengah peuting kieu can sare-sare wae, dasar budak bangor maneh mah!!"
Kajadian kitu terus-terusan unggal peuting.
(ma'lum si otong leutik keneh, masih sare bareng jeung kolotna anu ngan boga hiji kamar sare da imahna leutik)

Dina poe ka-3 si Otong ngadu ka guruna, ngadenge carita si Otong guruna ngartieun. "Otong, lamun maneh embung dicarekan jeung ditekean uanggal peuting, lamun ditanya maneh ulah ngajawab ambeh disangka geus sare"

Tengah peutingna si Otong ditanya ku Bapana "Tong maneh geus sare acan?" geus 3 kali ditanya si Otong cicing wae teu nembalan (pura-pura sare tibra da inget kana nasehat guruna)
Bapana bari ngaharewos " Mamah, peuting ayeuna aman soalna si Otong geus sare".
"Hayu atuh Pa, teu kuat geus 3 peuting nungguan" tembal si Mamah bari mareuman lampu.

Si Otong reuwas lampuna dipareuman soalna manehna sok sieun lamun dinu poek kajeun di imahna sorangan, tapi manehna tetep cicing da inget kana nasehat guruna.

Teu Sabaraha lila Bapa si Otong ngomong ka Mamahna bari jeung ngos2an jiga nu cape pisan," Mah, Bapa mah geus teu kiat hoyong kaluar", "Sami Pa, Mamah oge hoyong kaluar teu kiat, sami-same we atuh kaluarna Pa" tembalna.

Ujug-ujug si Otong ngajorowok tarik pisan "OTONG MILUUU!!!" bari luncat tinu kasur reuwas kabina-bina sieun di tinggalkeun di kamar nu poek.

Hehe
AS
Dept. Statistika IPB


1 komentar: