Senin, 04 April 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka-15

On Behalf Of Abbas Amin

 

 

Di na poe kadalapan, Bhisma nyusun pasukan Kurawa ku formasi Kaemawyuha; formasi Penyu; Yudhistira miwarang Dristadjumna nyusun Formasi Trisula. Beulah kenca Bhima; beulah katuhu Satyaki; ari Dharmaputra persis ditengah trisula.

Arjuna dina perang poe kadalapan kacida sedihna, lantaran Putrana ti Nagagini nya eta Rawan lastari saparantos perang rongkah ngalawan Detya Alambasa.

Arjuna sasauran ka Sri Bhatara Kresna:" Bener cek Paman Widura urang ti dua pihakanana bakal ngalaman kasangsaraan jeung kasedihan nu teu aya wates wangenna. Naon atuh gunana urang silih paehan teh ? Ukur marebutkeun warisan ? Satutasna ieu perang kabagjaan naon nu bakal kaala ku urang ?Krishna ! ayeuna Kuring sadar naon sababna Yudhistira ridho we narima saukur lima desa. Eta teh supaya ulah kajadian perang antara dulur ! Nu jadi matak ayana perang ngan si Duryodhana wungkul Nu geus nolak mere lima desa. Ngan eta hiji2na alesan naon sababna urang sarerea ayeuna silih paehan; kahawekan Duryodhana ! Kuring milu perang ayeuna, lantaran era mun disebut si leutik burih, bari teu usaha naon2 masrahkeun diri sorangan dihina basa;  Nub kuring nempo mayit nu pating solengkrah,  kuring ngarasa teu tahan; loba karumasaan yen urang didieu geus nyebar2 dosa nu gede pisan."

Kresna enggal ngandika:"Leres pisan Yayi Kaipe. Teu lepat omongan sampean teh, memang dosa gede urang maehan jalmsa sakitu lobana.  Bari teu ngarti naon2. Tapi eta teh Dharma nu kudu dilakonan; wajibing Satriya. Mun urang ninggalkeun Dharma; dosa urang leuwih GEDE deui. Jadi tong pati dipikiran teuing soal eta mah; ayeuna mah kumaha petana maehan si durjana jeung si sarakah Duryodhana; supaya perang gancang eureun. "

Nuju guntreng kitu, kakuping soara handaruan nu nyorowok tarik pisan. Nyata eta teh sorana Gatotkacha nu amarah kabina bina; mun tos teu sabar Gatotkacha pasti nyorowok saperti kitu. Para pasukan Kurawa ngadadak ngadaregdeg gehgeran; loba oge nu calanana baseuh ku sieun2na pangamuk Gatotkacha; tos pada maphum yen mun Gatotkacha ngamuk, hese ngalawanna.

Gatotkacha nyorowok kitu teh lantaran amarah ningali ingkang rai Rawan binasa; Gatotkacha ayeuna rek males pati ka Pasukan Astina. Harita keneh Pasukan Kurawa loba nu ancur diamuk KU Gatotkaca sareng pasukan Pringgandhanina; Duryodhana enggal megatan Gatotkacha, dibantu ku Raja Wanga nu kasohor boga pasukan Gajah nu hebat. Duryodhana rosa pangamukna; seueur Pasukan Pringgandhani nu tiwas ku pangamuk Duryodhana; sabalikna Gatotkacha ge tos maehan rebuan Gajah pasukan Wanga.

Akhirna Gatotkacha ngaluarkeun panah ti na pananganana, teras dilempagkeun ka Duryodhana; tapi pas harita teh Raja Wanga ngaliwat hareupeun Suyudhana; atuh Raja Wanga jeung gajahna harita keneh ancur ku panah Gatotkacha.

Ningali Duryodhana ripuh, kadesek ku Gatotkacha; enggal Bhisma miwarang Resi Drona ngabela Duryodhana. Tapi Drona oge ripuh ngalawan Gatotkacha mah. Duanana Drona, sareng Duryodhana kadesek terus ku Gatotkacha. Bhisma marentahkeun pahlawan2 sareng pasukan sanesna ngabantu Drona sareng Duryodhana. Akhirna Gatotkacha kinepung wakul buaya mangap ku pasukan sareng Pahlawan Astina. Yudhistira enggal marentah Abimanyu ngabela Gatotkacha; kitu deui Bhimasena. Bhimasena bungah pisan, langsung wae lumpat nuju ka Duryodhana; tapi Bhima dihalangan ku rai2 Duryodhana; atuh der tarung rame pisan. Poe eta poe kadalapan ditutup lantaran panonpoe geus surup; 16 urang rai Duryodhana tiwas ku Bhima di na eta peperangan.

Hanca

__._,_.___

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar