Sabtu, 02 April 2011

Bharata Yudha ka-12

 

Waktos Suyudhana mundur, Bhima masih sempet ngalempag ku tumbak pondok; keuna pisan ka na dada Sang Djakapitana; atuh kapidara bari mundur digarotong ku para prajuritna.
Dugi ka kemah, saparantos emut ti na kapiuhanana, teu antaparah deui Suyudhana ngincid ka kemah Bhisma; datang2 teras wae nengterewelang ngalepatkeun Resi Bhisma.

"Aki, perang teh geuning beuki dieu lain aya kamajuanana, malah urang nu terus2 kasoran ku Pandawa ? Naha diantep wae ku eyang ? Formasi nu ku urang susun tangtu burakrakanana; padahal nu nyusun kapan Panglima Perang nu geus kahot ? Naon sababna Aki ? naha Aki ngantep wae Kurawa eleh ? Atawa Aki ngan ukur nongton ?"

Bhisma ngawalerna tina ieu tuduhan Duryodhana teh estu sabar pisan, pinuh ku kawijaksanaan sepuh :"Pangeran Utama, Duqyodhana, hidep ulah ringrang, hidep kudu teger, ulah leutik hate; eyang sareng samudaya Pahlawan tetep bakal toh pati jiwa raga pikeun hidep. Tuh tingali Resi Drona; Kritamarma; Salya; Wikarna ; Aswattamma; Bhagadatta; Sakuni; Raja kembar Winda - Anuwinda; Raja Trigarta Susarma ; Guru Kripa; Burisrawa; sareng masih seueur deui Pahlawa sanesna. iMaranehna toh pati jiwa raga pikeun ngabela hidep; Taya gunana hidep hate; leutik burih; Optimis teu meunang pesimis."
Suyudhana teu nyarios naon2 deui; teras we ngaleos ka kemahna.

Di na Poe katujuh; Kurawa nyusun Formasi Tarate; Tiap Divisi Pasukan disusun mirupa bunderan2; Tiap bunderan aya pasukan gajahna nu dilengkepan ku 7 Kareta perang nu lengkep sanjatana. Tiap kareta dieusi ku 7 Senapati pasukan Kavaleri; disokong ku 10 Tamtama ahli panah; ditambah 10 purah nakis serangan panah ti mana wae.
Ditengah tengah eta bunderan2 Suyudhana ngadeg di na kareta emasna nu murub mubyar pinuh ku sosoca. Katingal Duryodhana gagah pisan lir ibarat Dewa Indra lungsur ti kahyangan.

Demi Pasukan Pandawa nyusun Formasi Wajra Wyaha ( kilat tatit/halilintar ).

Perang di na poe katujuh estu campuh pisan; disakuliah tempat aya nu tarung; pasukan lawan pasukan ; Pahlawan ngalawan Pahlawan deui.

Akhirna sanggeus karalang kuriling, gok we Arjuna papendak sareng Bhisma; atuh ragot perang pupuh. Dina waktos nu ampir sami Drona patepung sareng Prabu Maespati; atuh rame silih panah. Aswatama lawan Srikandhi; Duryodhana ngalawan Dristadjumna; Salya lawan Nakula nu diaping ku Sadewa. Raja kembar Wina - Anuwinda mayuna Raja Kasi Yudhamanyu.
Kritamarma, Citrasena, Wikarna, Durmasha, ngoroyok Bhimasena. Ari pasukan Gerak Cepat nu dipimpin ku Gatotkacha tos dipegat ku Bhagadatta Raja Trajutrina.
Detya Alambasa ngalawan Satyaki; Burisrawa ngalawan Dristaketu ( Cedi ); Kripa lawan Chekitana; Srutayu silih panah sareng Yudhistira.

Jadi na perang poe katujuh; Pahlawan nu jaradug tos pada sami2 tepang sareng musuh2na; Para prajurit oge silih telasan sareng papada prajurit deui. Estu rame pisan kaayaan perang poe katujuh ieu.

HANCA

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar