Sabtu, 02 April 2011

[kisunda] Bharata Yudha 14

 

Dina perang Poe katujuh ieu; estu sadayana pada saradis; saperti contona Pasukan Awanti; ancur ku Pasukan Yudhamanyu.

Teras di medan sejenna deui Pasukan Tradjutisna nu dipimpin ku Bhagadata; nu nyepeng pancen khusus, nya eta ngahalangan kiprah Gatotkacha sareng pasukanana; harita ngaramuk da papendak pisan sareng satruna nya eta Gtotkacha sareng Pasukan Pringgandhani. Pasukan Tradjutisna ngaramuk kawas nu kasandingan; seueur nu tariwas mah ku pasukan Pringgandhani sareng Gatotkacha; tapi maranehna euweuh kasieun terus maraju; Diu lawan Diu; Butha lawan Butha; Gandarwa lawan Gandarwa. Atuh lami2 mah Pasukan Pringgandhani oge seueur nu ting jarungkel ngemasi pati; lantaran tandangna Pasukan Trajutisna kacida matak gigisna. Ngaramuk lir kasandingan teh enyaan pisan.
Gatotkacha oge nu nahan Pangamuk Bhagadatta ( Boma ) ripuh ayuna mah; Gatotkacha kadeseh pisan; enggal wae Gatotkacha nyorowok ngomando Pasukanana supaya mundur; nya akhirna masih loba keneh Pasukan Pringgandhani nu bisa disalametkeun; mun henteu mah CAREM tangtuna ge. Lantaran Pasukan Trajutisna geus nekad pisan; teu mikirkeun korban; pokona bisa ngelehkeun Gatotkacha.
Atuh ku mundurna Gatotkacha teh; pasukan Astina kacida bungah nungangangna; ampir samedan Kurusetra para pasukan Kurawa sarurak rame pisan; lantaran ti poe2 samemehna Pasukan Gatotkacha can ngajaran eleh; sipikagimir pisan ieu pasukan Gerak Cepat teh. Nu matak Para pajurit Kurawa/Astina kacida barungahna. Maranehna ngarasa meunang GEDE ku mundurna Gatotkacha ti na palagan jurit teh. Komo deui Pasukan Trajitisna mah; estu reueus pisan; da bangga pisan ngalawan Pasukan Gatotkacha mah.

Di na poe katujuh ieu; Yudhistira oge rame perang ragot ngalawan Srutayu; Yudhistira kapanah telek pisan; teras dipanahan dugi ka Yudhistira pinuh ku tatu. Ayeuna mah Dharmaputra twu tiasa sabar deui; amarahna muncul; enggal Yudhistira mentang panah bari diparancahan; ngan sakilat kuda, kusir sareng kareta srutayu tos burakrakan; Srutayu oge kapanah dadana pisan; atuh mani tigugulitik, niban lemah; saterusna Srutayu kabur Colong playu ku sieun2na. Diantep we ku Yudhistira.

Dina waktos nu persis sami antara Yudhistira lawan Srutayu, Salya oge nuju perang ragot sareng Nakula; akhirna kareta Nakula ancur; enggal luncat ka na kareta Sadewa nu teras pacaket teu misah tebih. Ayeuna Nakula sareng Sadewa ngalawan Salya di na karetana.
Akhirna Salya tatu parna; enggal wae dibawa kabur ku kusirna kaluar palagan. Elehna Salya ngarupakeun panyabok nu tarik pisan pikeun Pasukan Kurawa; loba nu boga pikiran pesimis yen Perang ieu bakal meunang.

Chekitana nu ngalawan Kripa; kacida saimbangna; duanana pada ngaluarkeun kamahiranana mentangkeun jamparing. Akhirna kareta Chekitana ancur; Chekitana rikat luncat ti na karetana teras males manah ku BALISTA ( panah nu tara meleset ); ayeuna mah kuda sareng kareta Kripa nu ancur teh. Duanana sami taratu; teras sami2 mesat pedang;- teras we bitotama diteraskeun u maen anggar. Bhima nu tutas merangan Kritamarma enggal nyaketan nu nuju ragot perang; teras ngarawu Chekitana ka na karetana teras dibawa kabur bari saluar awakna pinuh ku getih. Ti Pihak Kurawa Sakuni enggal mayang Kripa nu tatu parna dicandak ka na karetana; teras dibawa kaluar medan; sapanjang jalan getih Kripa netes ngucur maseuhan taneuh Kurusetra.

Burisrawa ripuh pisan perangna lawan Dristaketu; ampir aya saratus panah nu narancep di na sakujur badanna; tapi Burisrawa neruskeun ngalawan; akhirna ti na raray sareng jasmanina kaluar sinar; Dristaketu kaget ningal kajadian nu aheng ieu; perangna teu laju; Dristaketu rada hemar hemir; akhirna mundur ti palagan.

Abimanyu ngalawan tilu rai Duryodhana; sadayana tiasa diusir ti palagan; Abimanyu teu kersa nelasan; lantaran emut ka na sumaph Bhima; yen anjeunna nyalira nu bakal ngalediskeun sadaya Putra Distarastra.

Perang poe katujuh ieu kacida gegetna. Nu pangramena nya eta perang antara Arjuna lawan Bhisma; estu tanding pisan; sami2 teu aya nu asor. Liren soteh karana Surya tos surup.

Hanca
 


__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar