Sabtu, 02 April 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka 13

 

Resi Drona dilawan ku Prabu Matsyapati; rame silih panah; itu ieu pada wani; teu aya nu asor; estu geget pisan silih panahna. tapi lami2 mah, katingal bedana kamahoran enggoning ngawasa gandewa sareg jamparing; Drona langkung gesit sareng langkung kukuh; lami2 Matsyapati ripuh, dicecer ku Drona; akhirna kareana ancur burakrakan pisan. Kuda sareng kusirna sadaya sami binasa; untung Raja Wirata kabujeng luncat; jplPutra bungsuna Sanga di na karetana; enggal Matsyapati luncat ka na kareta Sanga; Drona teras ngadesek ka dinya; enggalna Sanga mentang gondewa manah Drona. Nya der we ieu Guru Agung Drona ngalawan jajaka Sanga. Sanga wantun pisan teu pisan undur, masing tos jelas Resi Drona Jago Panah Guru sadunya; teras we Sanga ngalawan bari teger sareng teteg.
Tapi sakumaha wanina Sanga, akhirna tiwas ku panah Resi Drona. Da teu cekap ku wawanen wungkul ngalawan Jago panah model Drona mah.

Di medan nu sejen deui Srikandhi nuju RIPUH ngalawan Aswatama nu memang jago pisan maen panahna; teu era ngaku Putrana Bagawan Drona; memang pantes pisan jadi andelan para Kurawa.Kareta Srikandhi ancur ku panah Aswatama; Srikandhi luncat teras nyabut pedang; tapi ngan sakilat ditumbak ku Aswathama; dugi ka pedangna potong. Srikandhi maledog Aswatama ku ieu pedng potong; Aswatama rikat malincet baru terus manahan Srikandhi. Kaleresan Satyaki na karetana nuju perang sareng Detya Alambasa liwat kadinya; atuh terus Srikandhi lumcat ka na kareta Satyaki. Harita Satyaki ge keur defensif ngalawan Detya Alambasa; barang mireng Srikandhi kalah tarung sareng Aswatama, enggal Satyaki ngamuk namplokkeun eluna nyerang Alambasa; atuh ayeuna mah Detya Alambasa nu karipuhan; enggal wae marentah kusirna kabur ti na palaga. Mani purat perot Alambasa kaburna.

Dimedan sejenna perang poe katujuh ieu; nya eta Driatadjumna lawan Duryodhana; rame duanana silih panah; lami2 Duryodhana kadesek ; kareana ancur ku panah2 ti Driatadjumna. Suyudhana bari luncat ti na kareta nu ancur tea, teras mesat pedang, bade ngalawan; tapi untug aya Sakuni nu caket ka dinya; enggal Sakuni nulungan Duryodhana nebihan medan.

Kritamarma nu ngoroyok Bhimasena nyata nuju apes; masing Bhima dikoroyok; tapi nyata Bhima masih unggul sadayana mundur u pangamuk Bhima. Wikarna, Citrasena sareng Kritamarma tos taratu sareng katancep jamparing; atuh teras bubar katawuran; neangan salamet. Kritamarma nu boga pokl ditinggalkeun sorangan ngalawan Bhimasena; atuh reuwaseun pisan ieu Kritamarma; karetana oge ancur. Tersa wae lun cat ka na kareta Sakuni sapertos Pangeran Duryodhana; enggal dbawa kaluar kaangan jurit.

Pasukan Awanti nu dipimpin ku Raja kembar nya eta Winda sareng Anuwinda ngalawan Pasukan Kasi nu dipimpin ku Yudhamanyu. Rame pisan; campuh; Raja lawan Raja; pasukan lawan pasukan. Akhirna Raja Awanti tiwas ku panah Yudhamanyu; saterasna pasukan Awanti oge ledis ku pasukan Kasi.

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar