Minggu, 17 April 2011

Bharata Yudha ka -20

From: Abbas Amin

 

Bhagadata majeng kapayun, terasna biantara :" Para hadirin nu dipihormat sadaya;
Kaula moal panjang nyarita, pokona saha wae nu kapilih, Kaula mah milu wae.
Ngan cek pikir Kaula; Kaula mah geus kolot, bere kasempetan ka nu ngarora; saperti
Karna, Jayadrata atawa Kritamarma. Lantaran bakal mere sumanget ka sakabeh prajurit."

Teras we unggek ka hadirin; hadirin keprok, ku pidato singget ieu Bhagadata, saterasna
Raja Salya ti Mandaraka dipasihan waktos.

Ngong Salya biantara:"Cek pikir Kaula, boh Karna boh Bhagadata pamadeganana asup
akal; tapi di na waktu nu smporet ieu urang sarerea kudu gancang ngangkat Senapati,
dimana eta Senapati atawa Panglima tertinggi teh kudu dudukung ku HATE Raja2 sakabeh; tah cek pikir Kaula nu bisa kitu mah iwal ti Pndita Drona; lantaran naon ?
Lantaran kapan Resi Drona mah Guru Agung ti ampir sadaya Raja2; kaasup ti pihak
Pandawa; pan maranehna murid2 Resi Drona. Resi Drona lain ngan ukur bisa mimpin
peperangan, tapi oge kapan NGAJAR/NGATIK para Pamimpin peperangan; jadi pasti
atuh Elmu Resi Drona teh mumpuni, leuwih ti batur. Ku sabab kitu Kula didieu usul, supaya Resi Drona diangkat jadi Maha Senapati."

Salya liren biantarana, lantaran kapegat ku nu sarurak tanda satuju pisan, ka na pamadegan Salya. Teu lami Salya oge calik deui na kursina.

Burisrawa kapayun, sapamadegan sareng Salya; kitu deui Brehadrata.

Saterasna Jayadrata Raja Sindhu kapayun; enggal biantara:" Hadirin sadayana;
urang sadaya geus nguping kasauran Raja2 Sekutu Kurawa; tah ayeuna IKula oge rek
milu nyarita; cek Kaula, kasauran Raja Bhagadata asup akal pisan; lantaran memang
para prajurit bakal tambah sumanget lamun dipimpin ku nu masih ngora; upamana
Kaula pisan; tah Kaula lamun ditunjuk jadi Senapi bakal nyanggupan; ngan wae kudu
aya panasehat nya eta Drona Maha Resi. Kitu cek pamikir Kaula."
Jayadrata liren biantarana; ampir teu aya nu surak ka na biantara Jayadrata; tanda
hadirin kirang saluyu sareng pamadegan Jayadrata.

Kritamarma, Aswatama, lan Kripa nyata2 ngadukung Resi Drona; atuh nya tos kitu mah
Drona resmi diangkat jadi Maha Senapati mimpin balatentara Kurawa; ngawitan poe kasabelas; enjing. Raja2 enggal balubar. Tapi ari Resi Drona mah ditahan heula ku Duryodhana; aya picarioseun saurna.


HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar