Jumat, 15 April 2011

Bharata Yudha ka - 19

 

On Behalf Of Abbas Amin
 

Caturkeun Karna tos lebet ka kemah Duryodhana. Duryodhana kalintang bingahna; enggal wae ieu dua shohib teh silih rangkul. Dursasana nu kaleresan aya di dinya oge sami bingah galih.
 
Teu lami Duryodhana ngaandika :"Bagja kumayangan. Kaula bungah amarwataa suta; ayeuna sampean Raja Angga geus bisa milu perang. Da mun ti baheula mah urang teh geus meunang perang; teu kudu lila nungguan deui. Da bongan Bhisma nu kitu tea mah, make nyaram sampean milu perang. Nyaah ka Pandawa tah eyang Bhisma teh."

Karna :"Ari cek pikir kuring mah, wajar eyang Bhisma ngalakukeun kitu; sabab urang teh
sasat ngahurrup Pandawa; kapan Pandawa mah ngan ukur boga Arjuna hiji; andelanana teh; sedengkeun urang kapan rempeg pisan; eyang Bhisma teu kersaeun licik. Hehehe."

Suyudhana nyarios daria pisan:"Keun we perkara eta mah, da geus kajadian; ayeuna nu pentting sampeyan Karna, dulur kaula, geus milu perang. Tah ayeuna sok pimpin Pasukan Kurawa Astina; sampean ku Kaula diangkat jadi Senapatina. Kaula yakin urang bakal meunang."

Karnaa nggal megat catur:"Ke ke ke. Ke lanan Pangeran Duryodhana, perkara Senapati mah teu bisa asal nunjuk kitu bae; kudu dipikirkeun kalawan tartib."

Suyudhana:"Ari Kula mah percaya pisan ka sampeyan, Raja Angga. Boh di na belana ka Kaula, boh di na kasaktian andika. Kaula teu cangcaya sama sakali."

Karna:"Kuring oge lain teeu yakin ka na diri; tapi kapan didieu teh loba Raja nu garagah sarakti; dimana sadayana oge pantes jeung bisa jadi Maha Senapati; ku sabab kitu, lamun urang teu mikirkeun soal ieu engkeena bakal aya hate2 nu teu narima; moal ari terang2an mah. Engke maranehna perangna moal soson2; tangtu bakal ngarugikeun pisan ka urang sarerea."

Suyudhana:"Kumaha aatuh cek pamikir sampeyan, Raja Angga ? Saha nu pangpantesna jadi Maha Senapati , bari jeung ditarima ku sadaya ?"

Karna :"Urang boga sobat2 garagah, saperti Raja Brehad Rata Jago kawakan; eta ahli perang jeung strategi; dirina bisa ku urang diangkat jadi Maha Seanapati. Tapi tangtu wae, nu sejen saperti Raja Burisrawa can puguh satujueun; da kapan Burisrawa oge jago kawakan nu tos kasohor kamana mana; atuh mun Burisrawa diangkat, can tangtu Bhagadatta nu boga gajah Sakti bakal satuju; eta jago kolot teh kasohor pisan ahli perang; ahli strategi. Kitu deeui Jayadratha; rada teu ngeunaheun hatena ku sabab manehna ahli di na bab peperangan. Geus kasohor kamana mana. Can urang ngitung Paahlawan urang sorangan, saperti Aswatamma jeung Kripa lan Kritamarma; kitu deui Jayatsena Raja Magada. Jadi ngangkat Maha Senapati kudu di na gempungan."

Keur guntreng kitu jol teh Sakuni, nu terus waae milu ngobrol:"Enaya; Kaula satuju ka na pamadegan Karna. Sok atuh ayeuna Raja2 sekutu urang teh ulem kainyah; kitu deui Pahlawan2 Astina sorangan saperti Resi Droana, kripa jeung Aswatamma."

Nya akhirna Suyudhana satuju ka na usul Karna sareng Sakuni.

Sakedt netra uleman disbar; teu kantos lami brul we para uleman sarumping, diantawisna Raja Salya, Bhagadatta; Brehadrata; Burisrawa; Jayadratta; Kritamarma; Srutayudha;
Jayatsena; Susarma; Resi Drona; Kripa lan Aswatama.

Sadaya Raja pada ngaraaos bingah ningal Karna aya didinya; sareng enjingna di poe ka-11 bade ngiring perang; Raja2 pada ngarobol yen absenna Karna teh kalepatan Resi Bhisma;
tapi akhirna nu ngarobrol jarempe lantaran sidang tos dibuka ku Sakuni Ketua Panitia.

Di na sidang Perang ieu; dicarioskeun ku Sakuni yen utamana nya eta ngangkat Maha senapati.teras Raja2 majeng saurang2 pikeun biantara, ngedalkeun pikiranana.

Nu dipiwarang kapayun mimiti, nya eta Karna; lantaran cenah Karna mah kamari2 teu ngiring perang, tah sidang Perang ayeuna mitembeyan pikeun Karna ngeusian Bharata Yudha.

Enggal wae Karna kapaayun. Ngong biantara:"Para Raja nudipihormat ku kuring, oge Para Pahlawan Astina nu hadir di ieu sidang peerang, Kaula kacida bungahna bakal babarengan perang jeung sampeyan sadaya; baheula Kaula perang teh sosorangan; euweeuh baturr pakumaha; ayeuna sakieu geegeekna; Kaula bungah pisan; mudah2an ku assupna Kaula milu perang ayeuna, bakal naambah sumanget ka sampeyan sadaya." Karna liren heula biantarana, lantaran hadirin kaleprok, panuju ka na ucapan Karna.

"Sobat urang sarerea, nya eta Pangeran Duryodhana, geus menta ka Kaula kudu nyawalakeun jeung sampean sdaya perkara nu bakaal dijadikeun Maha Senapati........."
Karna liren heula sakedap ningal reaksi para hadirin; nu katingal mimiti tegang/serius.

"Cek Kaula, nu ngadukung Kurawa mah loba nu garagah nu sarakti; ulah sieun teu boga Senapati; loba pisan nu bisa dipilih. Malah mah barieukeun...................."

"Hahahahaha.............." Hadirin loba nu nyakakak.

"Contona Raja Brehadratha; kasohor jago kawaakan, ahli strategi; cocog tah jadi Senapati. Tapi pon kitu deui Bhagadatta, Kasepuhan, pasti mampuna; pon kitu deui Burisrawa; Raja Salya, Krepa; oge Kula pribadi. Tapiii.............. urang teh kudu ngangkat lain ngan ukur nu bisa mingpin peperangan, tapi oge bisa mingpin nepi ka baathin bathinna. Tah di na perkara nu hiji ieu Kaula Karna, ngarasa kurang sanggup."

Geeer deui para hadirin sarurak, ti na ku satujuna ka na biantara Karna.

"Tah, ku margi sakitu para hadirin sadaya, Kaula masrahkeun ka sampean sadaya; kumaha cek pandangan sampeyan; saha nu pang pantesna jadi Maha Senapati mingpin Kurawa astina ?" Karna enggal calik deui ka na korsina; da pidatona tos tuntas; Raja2 sareng nu sanesna masih kaleprok, lantaran panuju pisan ka na nu dibiantarakeun ku Karna.

Raja kadua nu dipiwarang ka payun Bhagadatta; margi pangsepuhna.

HANCA

__._,_.___

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar