Kamis, 28 April 2011

FW: Bharat Yudha ka-22

Perang poe kasawelas. Drona nyusun formasi kanggo ngaburantakeun konsentrasi pasukan Pandawa nu dipuseurkeun disakuriling Yudhistira. Yudhistira dilingkungan ku jago2
sapertos : Prabu Drupada; Prabu Maespati; Prabu Yudamanyu; Dristaketu; Srikandhi Satyaki; Bhimasena; Gatotkacha, Abimanyu; sareng seueur deui Pahlawan sanesna. Tapi
balucat balicetna Resi Drona sareng susunan formasi Pasukanana kalintang hebatna; sadaya
Pahlawan pada paburisat, lantaran seueur pasukanana nu diresak
ku serangan Resi Drona;
akhirna formasi pasukan Pandawa jadi burakrakan; Drona enggal lebet nyusup ka formasi pasukan Pandawa; mung sakedap tos papayun payun sareng Yudhistira.

Ari Bhimasena dipegat ku Raja Wiwimsati; rame perang ragot.
Di medan sanesna Prabu Maespati kapegat ku Karna; ger wae silih panah.
Sadewa kedah mayunan Sakuni; janten ngantunkeun Yudhistira
Kitu deui Nakula daek teu daek kudu ngalawan Prabu Mandaraka Salya.
Kripa tarung sareng Dristaketu.
Paurawa silih mentangkeun panah ngalawan Abimanyu.
Gatotkacha dipegat ku Bhagadata.

Tah nuju Pahlawan sareng Pahlawan tarung kitu; Resi Drona balucat balicet teras norobos Pasukan Pandawa; akhirna papayun payun sareng Yudhistira.

Yudhistira mentang2keun panah mani murudul ka Resi Drona; tapi sadayana oge katakis gampil pisan; teras Drona males; Yudhistira ripuh kadesek ; beletak gondiwana potong; enggal nyandak deui gondewa sejenna; tapi karek ge diangkat tos potong deui kapanah ku Resi Drona. Untung Dristadjumna kadinya; teras manahan ka Drona; tapi ieu oge teu mangga pulia diserang ku Resi Drona ripuh pisan. Para prajurit pating corowok :"Awas Dharmaputra bade diculik ! sababaraha kali. Arjuna nu teu tebih ti eta medan enggal marentah kusirna ( Kresna ) supaya nuju ka tempat Drona; lir kilat kareta Arjuna nuju ka eta tempat teras motong kareta Drona; bari teras manahan ka Resi Drona !

Ayeuna mah Resi Drona katingal ripuh lantaran ngaraos nu nyerang teh tanagana estu ageung pisan; mun salah nakis bisa cilaka ! Enggal wae ngantunkeun Yudhistira; teras mayuneun ieu musuh anyar, Ger wae tarung silih panah antawis gutru sareng murid kakasih nya eta Drona sareng Arjuna. Eta dua lawan teh, estu satanding kacida gegetna; itu ieu teu aya nu mundur; duanana ngetrukkeun pangabisana !

Sajeroning perang silih panah, Drona ngagerentes di na manahna:"Emh ieu aing, geus kolot geuning, jeung tanpa daksa lantaran Gandhamana; emh inget keur masih Bambang Kombayana keneh; moal aya nu bisa ngalawanan aing di na perkara manah mah. Tapi ayeuna ieu Arjuna bisa nandingan Kaula; nya wayahna we satanding; da geuning ayeuna mah aing teh loba kalemahan." Kitu gerentes atina Resi Drona di na salami perang sareng Arjuna teh; ari Arjuna ku margi sieun rakana katangkep toh2an ngalawan Drona; atuh Resi Drona teh rada kateteran.

Tapi dasarna Resi Drona memang mandraguna; tetep we tiasa ngalawan sareng males ka Arjuna. Atuh ieu perang teh ragot pisan; teu aya nu unggul atanapi asor; akhirna kapegat surupna srangenge. Terasna dua pihakanana mundur.

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar