Kamis, 07 April 2011

[kisunda] Bharat Yudha ka - 17

 

Dina Perang poe kasapuluh, ku margi tos apal ka na kelemahan Bhisma ti telik sandi; susunan Pasukan Pandawa diatur supaya Srikandhi sina misah ti Pasukanana; tapi kudu teras caket sareng Arjuna. Pasukan Srikandhi digabung sareng pasukan Pancala, nu dipimpin ku Prabu Drupada.

Enggalna Arjuna tos ngamuk ka bala tentara Kurawa; kitu deui Bhima sareng Gatotkacha di medan sanesna.   Enggal Bhisna maju jurit ngahalangan Permasi; Drona ngahalangan Gatotkacha.

Pangamukna Arjuna estu matak gigis keur Pasukan Kurawa; ratusan pahlawan sareng prajurit seueur nu binasa; ATUH ENGGALNA bHISMA MEGATAN pERMADI, GER WAE PERANG RAGOT PISAN.

Keur kitu Srikandi rada nyaketan Arjuna; teras ngeceng rada lami ku BALISTA; harita Bhisma pas nakis panah Arjuna; barang nakis barang belesat teh balista Srikandhi nancep jero pisan ka na kenca Resi Bhisma. Bhisma kalintang kagetna, socana moncorong tanda amarah; enggal malik ka Srikandhi; barang bade males ras emut yen anjeunna tos sumpah moal merangan Srikandhi; sareng moal ngalawan lamun diserang Srikandhi; anjeunna sadar yen waktu kanggo anjeunna tos tumiba; waktosna Bhisma ngamanah kitu teh ngan ukur sababaraha detik; tapi kanggo Dananjaya ieu teh lami pisan dipasihan kasempetanana; waktos Bhisma hareugeueun ( EU wungkul tah Kang Ocha ) tos murudul panah2 ti Arjuna narancep di na jasmani Bhisma; barang bade males ka Arjuna; gondewa enggal dipanah dugi ka parotong pisan; teras ditambihan deui tatuna ku lima panah; Bhisma estu ripuh pisan; ampir teu tiasa nakis2 acan; atuh panaah2 Arjuna mani ting tarancep di na sakujur badan Bhisma; Bhisma nyandak tumbak pusaka nu dilempagkeun ka Arjuna; tapi ku Arjuna ditengah jalan dipanah nepi ka parotongna; teras deui nambihan manahan deui dugi sakujur badan Bhisma tos pinuh ku panaah. Bhisma nekad luncat ti na kareta bari mesat pedang muru ka Arjuna; tapi kakara oge ngalengkah panah ti Permadi tos murudul; akhirna Bhisma rubuh niban lemah; tapi salirana teu adek kana taneuh ku margi kaatunjang ku ratusan panah anu maranggang ampir saluar awak. Bhisma ambruk.
Ngadadak hujan kembang; lantaran DEWATA ngahormat ka Bhisma Dewabrata Pahlawan Agung nu sae lakuna.

Ku rubuhna Maha Senapati Kurawa, Bhisma Dewabrata, sapertos nu jangjian Perang dilirenan samemeh waktosna; sadaya Pahlawan boh ti Kurawa boh ti pihak Pandawa sami2 ngariung Resi Bhisma nu tatu parna; sadaya sami sedih; sareng sadaya pada ngahormat ka ieu Pahlaawan Agung.

HANCA

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar