Kamis, 21 April 2011

Bharata Yudha ka -21

 

From: Abbas Amin

 

Suyudhana rerencepan ngayakeun sidang nu ngan ukur ku opatan; Suyudhana, Drona; Karna miwah Sakuni.
"Resi Agung Drona, Kaula mangkana ngayakeun sidang terbatas, lantaran aya nu rek dibadamikeun jeung sampean," kitu timbalan Suyudhana muka cariosan.
DRona:"Sok we nyarios Pangeran Duryodhana; Kula bakal ngaregepkeun naon nu dipikapalay ku sampean."
Suyudhana:" Issuk poe kasabelas pasti perang beuki campuh. Pihak Pandawa bakal leuwih galak ti batan samemehna; lantaran Resi Bhisma tos absen ti na ieu perang; kapan maranehna rada gimire ku pangamuk eyang Bhisma. Tah kaula ngarasa watir ku para prajuritt ti dua pihakanana, bakal ngaratus rebu nu jadi korban; Kaula sabenerna hayang ngeureunan perang; tapi waktu ieu mah geus kapalang; hamo bisa mundur deui. Ngan wae urang bisa ngeureunan perang kalawan teu loba korban deui."

Bingah amarwata suta, Guru Drona bingahna kagiri giri; enggal sasauran:"Leuh Bapa kacida katajina; sok kumaha tah carana ngeureunan perang teh ?"

Suyudhana:"Kaula geus teu hayang nenjo getih ngucur deui; pon kitu deui getih Pandawa; Kaula moal rek nyisikudi nyawa maranehna; ngan wae Senapati Agung engke kedah nangkep Yudhistira; bawa ka hareupeun Kaula. Tangtu mun Samiaji katangkep Perang bakal eureun. Engke ku Kaula bakal dibikeun satengah Nagara Astina bagean Indraprasta. Lamun perjangjian Dame na geus disatujuan ku dua pihak."

Drona giak ngawalonan:"Duh Pangeran duryodhana, kalintang saena eta pamaksadan teh; Kaula bakal ngusahakeun nangkep Yudhistira; Kula bakal ngetrukeun elmu panemu jampe pamake aji jaya kawijayan, emh syukur bagja temenan sampeyan, Pangeran Duryodhana."

Tapi masing sakumaha rerencepan oge,ieu sidang nu dirusihkeun teh kaambeu oge ku pihak Pandawa; lantaran telik sandina canggih pisan; atuh enggal wae Pandawa oge harita keneh ngayakeun sidang darurat.

Yudhistira:"Tah geuning cenah, Resi Drona, guru urang sarerea bakal jadi senpati mimpin Pasukan Kurawa isukan; cenah maranehna teh bakal nangkep Kaula."

Arjuna:"Kakang Prabu; ulah gimir; lamun Arjuna masih hirup moal ngantep saha wae oge nyaketan Raka Prabu."

Bhoma:" Hmmmmm...........  bener pisan; kuring Satyaki jeung sadaya Pahlawan bakal siap ngajaga sampean. Tong salempang."


HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar