Jumat, 18 Maret 2011

[kisunda] Bharta Yudha ka - 3

Di kemah Pasukan Kurawa peuting eta diayakeun pesta ; lantaran poe tadi perangna Unggul pisan. Suyudhana tambah yakin yen Pandawa bakal serah bongkokan. Gawena ngan muji2 we ka na kasakten Bhisma di na peperangan tadi. Bhisma ngan ukur mesem; tapi akhirna Bhisma sasauran :" Poe ieu Eyang meunang, lantaran i pihak Pandawa can maju Arjuna jeung Srikandhi, mangka waspada lamun eta dua jelema geus maju. Tangtu urang sarerea bakal susah."

Suyudhana teu resepeun pisan ku komentarna Bhisma, tapi dicaram ku Sakuni na waktu Suyudhana bade nambalang; nya atuh akhirna pesta teh ditutup we nepi ka dinya; da para Prajurit kudu reureuh pikeun nyanghareupan perang isukan.

Ari di Kemah Pandawa, satutasna Perang poe kahiji, terus ngayakeun gempungan; sadaya Pahlawan hadir, diantawisnana Dristadjumna Maha Senapati Pandawa; Satyaki, Srikandhi , Abimanyu, Gatotkacha, Drupada sareng seueur2 deui. Paling payun calik Pangeran Yudhistira diapit Nakula Sadewa; Sri Kresna oge teu kantun. Arjuna tungkul semu alum; ari Bhima teu weleh gegereman lantaran panasaran ku perang tadi.

Enggalna wae Yudhistira muka ieu pasamoan; bari tetep leuleuy keudeu Pangeran Yudhistira sasauran :"Para rai sadaya, sareng pinisepuh lan para Pahlawan sadaya, urang tos maphum yen perang poe tadi nyat urang teh eleh              kasoran."

"Teu saeutik nu mati ngemasi pati, bari teu terang naon marga lantaranana; teu saeutik nu binasa ku Panah Bhisma, bari jeung teu puguh ngabela saha sahana ? Tah ku sabab kitu, cek pamikir Kaula, ieu perang teh pamohalan dituluykeun; da pasti urang bakal carem, tumpes, moal aya nu yasa ngalawan ka Resi Bhisma."

"Hehehehee...................."Kresna gumujeng samemeh nyarios.
"Ke heula anan yayi, mani hararampang kitu ka na serah bongkokan teh..........."

"Hngng............ Kula teu satuju ngeureunan perang." Bhima teu tahan ngiring komentar.

"Ah, Kakang Prabu Yudhistira, punten............ naon alesanana bade ngeureunan perang ?"
SDatyaki ngiring nyarios bari rada mentegeg.

"Alesanana mah jelas; Kaula karunya ka para prajurit, nu teu tuah teu dosa; teu hir teu walahir pipilueun perang jeung urang; padahal peperangan urang teh mun nempo kajadian perang poe tdi, pasti elehna. Urang teh sasat ngorbankeun jutaan jiwa bari teu aya usaha sama sakali."

"hehehehe, teu lepat Rayi Prabu, teu lepat, memang urang kadeseh, kasoran jurit...........
tapi cek akang mah, usaha urang teh kakar 10%; da loba keneh PAHLAWAN2 nu NGALANGGUR embung maju, mun ieu para Pahlawan daek maju mah, tangtu kajadianana moal kitu."

Arjuna nu ti tatadi tungkul wae, ayeuna mah asa kasindiran enggal ngiring wicara:"
Sewu2 bebendu laksa2 duduka Kakang Yudistira, Rai tadi memang teu acan maju perang; lantaran masih keneh ngemutkeun katalian dudulurn sreng babarayaan. Tapi tadi katingal ku Rayi, Eyang Bhisma estu tega pisan perangna; saha wae nu caket ka anjeunn tangtu dibinasa. Tah Rayi SUMPAH; enjing Rayi bade majeng jurit bare moal mikirkeun soal babarayaan; Eh Kurawa mangkahade kudu waspada ! Isuk Kaula bakal jadi Bhatara Yama keur sampeyan sakabeh!"

Nguping susumbar Arjuna sakitu, sueuer para Pahlawan nu hadir kaleprok. Pang tarikna Satyaki, ku panuju2na.

Sanggeus jempe ngong deui Prabu Kresna nyarios, ayeuna mah ka Arjuna:" Yayi Kaipe,
kumah mun sampeyan mayunan kangjeng Eyang Resi Bhisma ? naha bakal mundur ?"

"Saksian ku sadayana, Kaula Arjuna masing mayunan Bhisma atanapi Guru Drona, Kaula bakal maju moal mundur satungtung buuk."

Geer atuh sarurak deui di kemah Pandawa. Sadaya Pahlawn pada reugreug sareng yakin poe isuk Pandawa bakal meunang, bakal males pati perang poe tadi.

Hanca



 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar