Selasa, 22 Maret 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka - 7

Ku margi Resi Abiyasa atanapi Krishna Dwipayana getol tirakat; dugi ka mulan malen tirakatna; anjeunna dipasihan wewenang ku Nu Maha Kaw asa masihan atawa ngawiridkeun Elmu panenjo Jauh ka saha wae nu dituju. Tah nya ieu Bagawan Abiayasa masihkeeun ka
hiji Mantri Kapercayan Raja Dristharastra, nya eta Sanjaya. Nepi ka Sanjaya tiasa ningali naon wae kaayaan Kurusetra; boh kaayaan Perang boh obrolan Para Prajurit; kitu deui sidang Perang nu digelar ti dua pihakanana.

Basa Perang mimiti prung Prabu Dristarastra kacida pogot sareng bingahna, lantaran Pandawa kawon perangna; mus mus keprok, mus mus keprok. Malah teras komentar :"Sigana mah Sanjaya, perang teh moal lila nya ? Tangtu anak2 Kami bakal unggul; tangtu Pandawa serah bongkokan."

Sanjaya ngawalon:"Teu acan tangtos Gusti Prabu; poe nu kahiji kapan Arjuna mah sama sakali teu milu perang; cicing we pang tukangna, tuh geuning ayeuna sidang perang di kemah Pandawa."

Dristharastra:"Tah, tah, tah........... sok tempo sing taliti, kumaha cenah ?"

Sanjaya:"Tah Pangeran Yudhistira ngusulkeun ngalirenan perang."

Dristharastra:"Weladalah............... enya tah, Yudhistira mah da pikiranana teh lempeng wae; teu cara SI BHIMA nu goreng sopak; eta mah sirik pidsik wae....................."

Sanjaya:"Tah dibantah ku Kresna sareng Satyaki, disokong ku BhimaSena."

Dristharastra:"Tah enya eta si Kresna, kunaon pikirananana teh ngeres2 teuing; can ngajaran manehnana boga hate bersih; cing atuh kuduna mah ngakurkeun duduluran; caram perang ; komo ieu mah perang jeung dulur."

Sanjaya:"Tah ayeuna Pangeran Arjuna nu biantara."

Dristharastra:"Tah tah tah; enya tah, kumaha cenah cek ki Arjuna; bageur ieu mah, enya kasep tong daek nurutkeun jalma2 lieur nu hayang perang................. "

Sanjaya:"Tah saur Pangeran Arjuna enjing mah anjeunna bakal turun ka palagan."

Dristharastra:"Adduuuh Sanjaya, kunaon Ki Arjuna ayeuna mah jadi milu bedang ? Moal salah kapangaruhan ku Si Kresna tah Arjuna teh; cing atuh sadar salah sahijieun mah."

Sanjaya:"Tah ayeuna perang poe kadua tos ngawitan. Uluh eta Arjuna ti na karetana mentang2keun jamparing; ............. aduuuh mani ratusan prajurit Kurawa/Astina tariwas keuna jamparing Dananjaya............."

Dristharastra:"Aduh Sanjaya, aduh Sanjaya, kumaha eta si arjuna amuk2an diantep kitu ? mana Paman Bhisma ?"

Sanjaya:"Bhisma Dewa Brata teu yasa maju ngahalangan Arjuna, ku margi dihalangan ku rebuan Pahlawan Pandawa nu ngepung; aduh tuh ayeuna mah seueur pahlawan astina nu nyoba2 ngahalangan Arjuna; tapi ngan sakeak sakeak dipanah nepi ka marati ku panahna Arjuna."

Drestharastra:"Wah enyaan Arjuna, teu ngingetkeun deui duduluran...........   aduh kumaha anak2 Kaula ? Suyudhana cek ama oge ulah gagabah ngalawan ka Pandawa; tah pan kieu balukarna. Pajar hidep ama tenang wae Pasti Pandawa moal wanieun ngalawan Perang lantaran di urang aya Bhisma, Drona, Salya, Krepa, Karna, Aswatamma. Tapi ayeuna mana buktina ?"

Sanjaya:"Para prajurit Astina ting koceak, pajarkeun moal aya nu bisa ngahalangan ketakna Arjuna."

Sanjaya deui:"Tah ayeuna perang lekasan , Ingkang Putra Pangeran Duryodhana ngaweweleh ka Gusti Bhisma, tapi teu diwaleran; sabalikna tuh di kemah Pandawa Arjuna diparuji ku sadaya; pajarkeun Kurawa bakal carem moal lila deui."

Sanjaya:"Tah ayeuna perang poe katilu; wah pasukan Gatotkacha ti Pringgandhani ngaramuk, teu yasa aya nu ngahalangan. Wah gararesit pisan; komo si Gatotkacha mah; sakali nglengkah jeung ngajleng teh ibarat MANUK hiber we; saha wae nu deukeut tinangtu binasana. Jeung aya ku sakti eta Si Gatotkacha teh tina bahamna wae bisa ngaluarkeun seuneu nu bakal ngaduruk Balad Kurawa; kitu deui tina leungeunna eta kalaluar panah2 melesat ngabinasakeun pasukan Kurawa. Tuh pasukan pringgandhani memang garagah; teu aya nu bisa ngalawan, sadaya sami mundur ketawuran. Tah ayeuna Bhagadatta ti Trajutisna maju. Aduh rame silih gebug antara Baghadatta lawan Gatotkacha; sarua pada saktina. ( Bhagadatta = Bomantara ). Wah duanana teu aya nu asor; pasukanana oge sarua pada2 warani; ayeuna mah katahan tah pasukan Gatotkacha teh. Wah Pangeran Arjuna tos perang silih panah sareng Resi Bhisma. Wah sami2 hebatna. Wah akhirna perang eureun lantaran panonpoe tos surup."

Giliran nyarioskeun perang poe ka lima nu 8 putra Dristharastra tiwas; Prabu Drestharastra mani kekerot; nyel ambek ka Bhima.

Dristharastra:"Aeh sia Bhima, lenokeun tetelo; nyata sampeyan teu aya kanyaah pisan ka dulur ? Enyaan maneh mah rek meakeun anak2 aing?"

Sanjaya:"Ke ke ke Gusti Prabu; ieu mah nuju Perang; teu aya dulur atanapi baraya."

Dristharastra:"Enya; tapi itu anak Kaula 8 urang mani ngan sakilat pisan leis ku si Bhima."

Sanjaya:"Kapan eta mah lepat Gusti, naha atuh teu ngawagel ka Putra Gusti ? kapan Pandawa mah pasrah we ngan ukur 5 Desa oge. Naha Gusti satuju kana Perang Bharata Yudha ?"

Dristharastra:" atuda si Suyudhana pajarkeun teh moal wanieun perang cenah Pandawa teh; moal wanieun; pek we sababaraha kali mentana oge pan dikuranngan terus; pan eta hartina sieun? Kitu tah omongan anak kami Suyudhana teh. Emh deudeuh teuing; kumaha Tanggung jawab Kaula lamun engke mayunan Eyang Santanu; sareng Pandu ?"

Sanjaya:" ..................??????????????????


Can tamat; duka diteraskeun duka henteu

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar