Rabu, 23 Maret 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka - 8

On Behalf Of Abbas Amin
 

Kanggo kang Aldo :"Punten , nu diserat ku abah teu acan aya bukuna."
Kanggo kang Hasan ( Kh579) :" Kumaha upami urang susun buku kang ?"

Tah ayaeuna mangga urang teraskeun Perangana.
Ti barang Perang kadua; satiap Pahlawan nu balik ti pangperangan ngaliwatan para prajurit nu bararis balik ti pangperangan, tangtu meunang "aplaus" ti para prajurit; komo deui lamun Sang Pangeran Arjuna di na karetana; surakna para prajurit bari ngacung2 tumbak estu ngaguruh pisan; Hidup Arjuana ! Hidup Arajuna ! sababaraha kali. Jaya Panadawa ! Hancurkeun Kurawa !

Pahlawan sejenna nu meunang panghormatan ti para Prajurit nya eta Bhiama Putra Pamaimpin Pasukan Pringgadhani; para Prajurit kacida reueusna ku ieu dua pahlawan teh; cek pamikir maranehnaa moal aya nu bisa nandiangan ieu dua kekentong Pandawa; najan Dewa oge satanding.
Nu matak sapanjang jalan bari balik lolobana nu surak teh bari nyorowok nyebut :"Hidup Arjuana ! Hidup Gatotakacaha! Kitu we nepi ka istirahat sakemahna sakemahna.

Caturkeun di Karaton Asdtinapura.

Dristharastra rebun2 keneh geus sayaga. "Sanajaya" oge tos siap "laporan pandangan matana"

Tah ieu Perang poe ka - 5 Gusti Prabu; uluh2 Gusti Bhisma tos mimpin pasukan enjing2 pisan, nuju ka tempat Pandawa; diiring ku Divivsi2 kuat nu bakal ngahancurkeun Pandawa.
Pasukan Gajah nu pang payunna; teras pasukan tumbak; teras pasukan pedang; diteraskeun ku pasukan panah. Para Pahlawan, aya nu naek kuda aya oge nu ka na kareta perang.

Aduh tuh pasukan Pandawa oge tos siaga; Bhima katingan panghareupna bari muntir2keun gadana. Bari cocorowokan rek ngalediskeun sakabeh anak Dristharastra."

"Ah kurang ajar pisan si Bhima..........."Sang Prabu ngomentaran

Pasukan Panadawa nyusul pasukan Bhima dipimpin ku Satyaki, Dristadjumna, Srikandhi, Abimanyu. Teras pasuakan "Gerak Ceapat" nu dipimpin ku Gatotkacha sareng pasukan Istimewa ti Pringgandhani. Ari Arjuna mah di na kareta perangna ; teu mimpin pasuakan; ngan karalang kurilaing we noongan kasiagaan para pasukan nu maju perang.

Pang akhirna pasukan Yudhistira.
Sakedet netra eta dua pasuakan tos paamprok.
Bhisma sareng pasukanana langsung nyerang pasukan nu dipimpin ku Bhima; atuh Bhima teh ripuh dikepung wakul buayaa mangap; seueur pasukan nu dipimpin ku anjeunna tiwas; Bhiama teras amasihaan sumanget, supaya suamanget para prajurit henteu rentag. Tapi angger we pasukanana kalang kabuatan; keur kitu serebet aya kareta ka dinya ! Nyata Pangearan Arjuana nu nulungan kaayaan Bhiama nu nuju kadeseh; sasumpingna enggal wae Arjuana menatang2 jamparing; atuh Prajurit Kuarawa raripuheun. Tos kitu, Bhisma oge disaaerang ku Arjuna nu kacida hebatna; atuh kapaaksa Bhisma mundur rada tebih; disusul ku Duryodhana supaya maju deui.

Barang Bhisma maju deui, enggal diserang ku Arjuna; Bhisma ampir2an cilaka; Suyudhana ningaal ieu akajadian enggal sasauran ka Drona;"Paman Drona,
kunaon unggal poe perang teh kaya kieu ? Naha anjeun cicingeun wae ? Teu usaha naon2? Cing ngomog terus terang, naon sababna"

Drona ngajawab bari jeung ketus:" Pangeran Durtodhana ! Anjeun nyarios teu make pikiran akal sehat ! Anjeun teu pisan narima kana Kakuatan Pandawa. Kuring sarta Bhisma geus ngalaksanakeun kawajiban. Tapi memang Pandawa, utamana Arjuna kuat pisan."


Droana akhirna nganunkeun Duryodhana, terus maju ngahalangan Satyaki; harita Satyaki ngamuk, ngaluarkeun kamahiranana ngagunakeun jamparing; ku margi Resi Drona kirang sayaga, anjeunna kaget laju kadesek ku Satyaki; atuh teras datang Salya sareng Bhisma ngabantu Drona; atuh ayeuna mah Satyaki nu ripuh.

Jol we Srikandhi ngabantu Satyaki, Bhisma enggal nebihan; nya Drona ayeuna nu nyanghareupan Srikandhi; ari Salya diserang ku Nakula sareng Sadewa.
Satyaki ayeuna mah bebas; neruskeun pangamukna ka Pihak Kurawa.

Hancaa

___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar