Rabu, 16 Maret 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka -1

Ku Bah Abbas Amin

 

 

Isuk2 keneh pisan Pasukan Astina mimiti maju ka pakalangan di Kurusetra; tarompet
sayaga ditiup terus2an ngahudangkeu sakabeh pasukan.
Ti dinya mani murudul pasukan panghareupna , dipimpin ku Durganda Durgandi; terus disusul ku pasukan UTAMA ; nu dipimpin ku Maha Senapati Resi Bisma Dewa Brata, lengkep sareng busana/ kareta perangna. Diirig ku puluhan Senapati sareng Tamtama; ti pengketna mani nakleuk laksaan prajurit nu mawara tameng jeung pedang. Terus pasukan  tumbak, gada, jste

Pasukan lapis ka 3, dipimpin ku Duryodhana di na karetana; digendeng ku Resi Krepa
sareng Sakuni; diiring rebuan Senapati; sareng laksaan prajurit.

Lapis ka opat di pimpin Salya Narpati; nu nganggo Busana harurung harerang; karetana
oge dihias mani gebyar gumebyyar; diiring ku Pasukan ti Mandaraka, nu anggoanana
kacida harurung harerangna.

Lapis ka lima; dipimpin ku Raja Sindhu Pangerang Jayadratha.
Pasukan lapis ka genep, dipimpim ku Pageran Burisrawa
Pasukan ka tujuh dipimpin ku Raja Baghadatta ti Trajutrisna.

Pasukan salapi salapis teras nuju ka Medan Kurusetra nuju ka lokasi nu tempatna
Pandawa. Ieu Pasukan Astina nepi ka puluhan lapis pasukan jiga nu teu beak2; Pang akhirna dipimpin ku Aswatama; khusus pikeun ngajaga nu desersi.
Ieu pasukan nu ngayuta teh bari maju, bari jeung susueakan; atuh sorana siga ngaguruhna cai caah, atawa gunung nu keur bitu; estu ngaguruh; pacampur sora tarompet perang, awor jeung pating koceakna sora gajah, kuda; estu matak haeiwang. Kaciri para prajurit pada tareuneung ludeung; jeung pinuh kayakinan, yen perang ieu bakal dimeunangkeun ku Pihak Kurawa/Astina. Sajeroning maraju maranehna teu pisan ham ham yen Kurawa
pasti Jaya.

Pihak Pandawa tos waspada yen poe ieu bakal kajadian perang gede; jeung maranehna
nyaho yen Pasukan Kurawa Pasukannana leuwih gegek; kitu deui para Pahlawanna. Tapi Para Senapati/Phlawan jeung para Prajurit YAKIN, yen maranehna aya di PIHAK nu BENER; maranehna yakin, kadilan bajal nisa ditanjeurkeun; maranehna boga kayakinan yen maranehna perang teh keur NGABELA Kaadilan jeung BEBENERAN. Jadi ti Pihak Pandawa oge maraju kalawan sikep nu pinuh ku optomis tapi prihatin; teu nguntup cara Pihak Kurawa. 

Pasukan Lapis kahiji ti Pandawa; dipimpin ku Wraesangka.
Lapis kadua dipimpin ku Utara
Lapis katilu Resi Seta sareng paukan Istimewa. Minangkana mah pasukan BERANI MATI
Lapis kaopat dipimpin ku Arya Bimasena; disusul ku Gatotkacha sareng pasukan ti Pringgandani; ieu mah sigana PASUKAN GERAK CEPAT; najan saeutik tapi kaciri
kabehanana barosongot gese amprotan.
Lapis kagenep dipimpin ku Maha Senapati Dristajumna.
Saterasna Pasukan Pancala, dipimpin langsung ku Prabu Drupada
Teras Pasukan Wiratha dipimpin ku Prabu Matsyapati
Saterasna Nakula Sadewa saterasna Srikandhi sarwng pasukan2 sanesna deui.
Paling pengker nyata Pangeran Arjuna; lantaran cenah anjeuna mah teu acan siap perang.

Tarompet perang geus pada ditariup; atuh der we dua pasukan nu sarua ngayutana bentrok; dimimitian ku pasukan hareup masing2 pihak. Sora pedang jeung tamsir tinggalonjrang; tambah ting belesurna jamparing matak ngerik ati; ditambah sora ting jarerit prajurit nu cilaka. Tapi kabeh terus maju geus teu ngingetkeun deui nu tatu atawa nu binasa, pokona masing2 pihak niat rek merangan musuhna; geus teu mikir deui dina bagbagan jabeneran atawa kamanusaan.

HANCA

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar