Minggu, 20 Maret 2011

Bharata Yudha - ka-5

On Behalf Of Abbas Amin
 

Prajurit2 Kurawa ngarasa miris; teu teteg deui sumangetna; maranehna ngaromong saha nya nu bisa ngalawan Arjuna ? Wah carem ayeuna mah pasukan Kurawa ?

Ari dipihak Pandawa Pangeran Arjuna pada muji ku sadayana; para prajurit Pandawa balik deui sumangetna; yakin yen perang bakal dimeunangkeun ku pihak Pandawa.

Isukna, perang poe katilu geus dimimitian; ayeuna Bhisma marentah sang Prabu BHagadatta nyiapkeun pasukan khusus pikeun ngaladenan "Pasukan Gerak Cepat" Pringgandhani nu dipimpin ku Gatotkacha; sabab unggal2 turun ieu pasukan kachina perkasana; teu aya hiji pasukan nu bisa nandinganana; estu tarangginas , baredas jeung garalak. Hiji2na nu bisa nandingan ngan ukur pasukan ti Trajutisna; eta oge lamun beurang, da peuting mah pamohalan bisa nandingan Gatotkacha lan Pasukanana.
Ku margi sakitu Bhisma ngadamel paraturan yen lamun Panonpoe SURUP; Perang liren.
Salah sahiji alesanana lantaran rada paur ku krtak Gatotkacha saparakanca,

Perang di na poe katilu mah Bhisma ngamuk deui da tos teteg lantaran Bhagadatta bakal ngahalangan ketakna Gatotkacha; samemehna Bagadatta boga tugas nu penting oge nya eta tanggung jawab Logistik pikeun kalangsungan Perang. Ku lantaran ngafepan Pasukan Pringgandhani, cepenganana dipasihkeun ka Prabu Burisrawa.

Waspada sri Kresna enggal nyauran Arjuna:"Arjuna, mangka was[ada ; tuh Bhisma geus maju perang, tuh loba prajurit ting jarungkel, teu manggapulia, sok ulah diantep."

"Sok atuh majukeun ieu kareta, deukeutkeun ka kareta Bhisma; Kaula bakal ngahalangan ketakna, nu ngarugikeun pihak urang."

Der we Krisna mecut kudana; nyaketan kareta perang Bhisma. Waspada para Senapita Bhisma, teu ngantos komando deui sayana maju ngaraponan Dananjaya.
Tapi Arjuna teu gentar; ngan sakilat2 panah Arjuna tos ting belesur nyaerang ka Senapati nu ngarepung; tu manggapulia hiji mara, hiji mati; sapuluh nmara sapuluh mati.

Enggal Bhisma miwarang para senapatina mundur; teras anjeunna mentang panah; nepi ngahiung sorana ku tarik2na; Arjuna rikat mentangkeun panahna ; panah Bhisma kapanah ku panah Arjuna lajuna katahan; dugi ka tempat Arjuna gampil pisan ditewak ku Arjuna. Teras ku panah eta pisan, Arjuna males ka Bhisma. Tapi tiasa ditakis ku Bhisma.

Eta dua pahlawan Agung, sami2 silih panah; lami2 sabagian nu dareukeut ka na perang Arjuna Bhisma; loba keneh lalajo nu perang ti batan silih kadek; ku ieu bitotamana Arjuna Bhisma enggoning katapisan Manah, akhirna loba praajuris nu reses heula ti na peperangan.

Perangna Arjuna ngalawan Bhisma, kacida gegetna; duanana teu aya nu pisan daek ngelehan; silih panah terus; Arjuba Bhisma sami2 kapanah taratu; tapi teu ngabahyakeun.
Sigana mun Srangenege teu surup mah; ieu dua pahlawan teh bakal terus perang moal aya eureunna samemeh lawanna binasa mah.

Poe ieu perrang ditutup; Pasukan Kurawa Astina rada unggul saeutik.

Lajengkeuneun

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar