Rabu, 16 Maret 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka- 2

 

gancanging catur ............ dua pihak pasukan lapis kahiji jeung kadua geus paamprok....der wae ragot perang jurit silih telasan........... enyaan Pihak Pandawa waranian sosoroh amuk.............atuh barisan Kurawa teh kadesek, masing Durganda Durgandi usaha satekah polah nyumangetan para bawahanana; keukeuh we para Prajurit Kurawa kadesek malundur.
Ningal gebrakan awal kitu hasilna Suyudhana tipengker mani sosoak emosi bari ngalepatkeun pimpinan ( nya eta Bhisma ); atuh Bhisma teu seueur saur enggal wae marentahkeun para senapatina ngambreg  ka lini payun.
Sanjan Pihak Pandwa sumangetna gede tapi ayeuna mah teu mangga pulia diamuk ku prajurit2 pilihan; atuh Bhima enggal wae masihan Komando supay pasukanana ngamuk nuju ka lini payun. Tapi ketak Bhima kapiheulaan manten ku Ingkang Putra Gatotkacha nu mimpin pasukan gerak cepat; atuh der para Senapati Bhisma diperangan ku Pasukan pringgandhani.
Teu kantos lami pasukan Bhisma tos ting barurisat teu kiat ngalawan jurit pasukan Gatotkacha.

Jaya Bang winga winga, amarah Resi Bhisma enggal wae marentah kusirna ngajalankeun karetan ngurilingan nu nuju perang ragot; satiap dugi ka hiji tempat peperangan, Bhisma mentang2keun gondewana; atuh mani ting belesur jampirng. Sakedet netra ratusan prajurit Pandawa jadi korban. Kitu deui para Tamtama lan senapatina.

Bhima Gatotkacha sami waspada enggal marentah pasukanana mundur, ulah ngangseg teuing; sabab moal tiasa ngalawanan Bhisma nu memang ahli panah; para prajurit diparentah nyusun pasukan TAMENG (Mun jaman Romawi mah posisi kura2 tea).
Tapi pangamukna Bhisma Dewabrata lir ibarat Dewa Yama lungsur nyabutan nyawa satiap prajurit Pandawa.

Dibeulah katuhu Utara perang ragot sareng Guru sadaya nya eta Resi Drona; ari Wratsangka silih panah sareng Salya; dibeulah kenca Satyaki oge nuju ngamuk mentang2keun panahna tapi dihalangan ku Jaayadratha; atuh rame perang ragot silih panah. Tapi Jayadratta kadeseh teras mundur ditulungan ku Resi Krepa.

Perangna Utara sareng Drona kacida gegetna; Resi Drona ngan ukur nakisan; tapi Utara terus maju ngadesek; SRET! hiji panah nyipat ka na raksukan Resi Drona. Resi Drona nyaur di na manahna :"Eeh ieu budak kamari, geus cucungah, diantep kalah ngalunjak; ulah sambat kaniaya rasakeun pembalesan ti Kaula." Enggalna wae Drona ayeuna ngaleupaskeun jamparingna tangginas pisan; atuh kacida ripuhna Utara; barang keur gugup siuuut  jeprot ! Trek ! Potong gondewa Utara. Utara rikat nyandak Tumbak teras dilempagkeun ka Resi Dron; tapi ngan sakilat eta Tumbak tos parotong ditengah jalan ku panah Resi Drona; keur kitu siut siut dua panah anu tarik pisan ! teu katahan ku Utara; nu hiji nancep di na dssada Uttara; nu hiji deui ngeunaan pisan tenggek Uttara atuh harita keneh sapat tenggek Uttar; pinastingemasi pati. Surak bala Kurawa mani ngaguruh.

Perangna Salya ngalawan Wratsangka oge rame pisan; duanana silih panah teu aya nu asor; enggalna Wratsangka manahan sababaraha kali ka Salya dugi ka Salya kapanah panganana; saterasna karetana oge diancurkeun ku Wratsyngka. Salya kalintang amarahna, enggl ngalempag tumbak nu keuna pisan ka na dada Wrtsyangka dugi ka parat ka tukang. Harita keneh Wratsyangka lastari ngemasi pati.

Atuh pasukan pandawa kacida ripuhna diditu Mahasenapati Bhisma terus mentang2keun panahna; Bhima, Nakula, sadewa oge malundur miris ku pangamuk Resi Bhisma.
Enggl SDatyaki ngantunkeun lawanna Krepa teras megat Bhisma; der atuh dua Pahlawan perang nu sami2 jago panah ngadukeun kasaktenna. Itu ieu papada wani; teu aya nu mundur.

Tapi lami2 Satyaki oge kadesek, tos boborot getih, enggal disampeurkeun ku Bhima teras dijewang dibawa mundur. Bhisma teu ngudag; teras we neraskeun hancan ngamuk ka para prajurit Pandawa.

"Ela dalah ! Bhisma, Bhisma................. sampeyan ngan ukur wani ka para prajurit, yeuh lawan Kaula Arya Seth !" Eta nu sosoak teh nyata Arya Setha rakana Uttara sareng Wratsyangka. Anjeunna bade males pati k Drona sareng Salya; tapi barang nyaketan tempat pangperang paamprok sareng Bhisma nu nuju sosoroh amuk. Memang Bhisma teh musuh kahot kanggo Setha mah; atuh teu ngengkekeun deui, Setha teras nangtang perang ka Bhisma.

Bhisma teu seueur saur teras wae mayunan Setha; der we ieu dua pahlawan teh rame silih panah; duanana pada digjaya, sami2 Resi. Sami2 jago panah. Tapi lami2 Bhisma kadesk ku Seth; nyata Setha pilih tanding; kareta perang Bhisma diancurkeun ku Setha dugi k Bhisma luncat ti na karetana. Teras dipanahan ku Resi Setha; tapi memang dasar Bhisma sakti mandraguna; teu aya hiji oge nu tiasa ngaraheutan ka Bhisma. Bhisma amarah lajeng wae mentang jamparing sababaraha kali; Seta rada ripuh nakisan; hiji panah ngeunaan gondewana; atuh potong sapada harita. Barang Setha bade ngagentos gondewana jol deui panah nu motongkeun deui gondewana; katilukalina panangan seta nu buntung disamber panah Bhisma; barang bade luncat; tenggekna tos kasabet ku panah Bhisma; atuh tiwas sapada harita.

Pihak Kurawa sarurak mani ting jarerit; Prabu Matsyapati badi belapati tapi panonpoe tos teu katingal; nu hartina perang poe eta lekasan.

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar