Jumat, 18 Maret 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka - 4

 

Isukna dua pihak geus maraju deui............... ayeuna mah Pasukan Pandawa nu ngamimitian nyerang; barang keur papada bentrok perang ti tukang nyurungkuy hiji kareta perang; dikusiran ku Sri Kresna, nyata Dananjaya maju perang bareng nyaketan nu ragot perang ; Arjuna mentang jamparing sakilat2; sakedet netra puluhan pasukan Kurawa/Astina gemprah keuna ku panah Dananjaya. Atuh Para Prajurit Astina kacida rareuwasna; sawareh mah ting balecir ninggalkeun palagan lantaran sieun pangamukna Dananjaya.

Dananjaya teras maju bari mentang2keun jamparing; persis patani keur nyacar jukut.

Sadaya Pasukan astina kacida rareuwasna; aya sababaraha Pahlawan nu nyoba2 megatan Arjuna; tapi ngan sakedet netra tiwas jadi babatang, jadi mangsa panah Arjuna.
Bhisma waspada enggal majengkeun karetana ; tapi Bhisma dikepung ku para Pahlawan Pandawa; atuh der tarung campuh, Arjuna bebas neraskeun pangamukna.

Bhisma ripuh, lantaran kedah masihan komando, bari bade megatan Arjuna nu tos tebih pisan, ari anjeunna repot dikoroyok ratusan Pahlawan. Enggal wae nyandak panah saktina ; ti na hiji panah kaluar ratusan panah; atuh seueur par Pahlawan Pandawa binasa atawa tatu.

Arjuna barang ningali Bhisma ngaluarkeun panah saktina; enggal anjeunna oge ngaluarkeun panah saktina teras dipentangkeun ka pihak Astina; atuh seueur pisan para Prajurit Kurawa/Astina nu binasa.

Perang poe kadua ieu kacida campuhna ; tapi akhirna pihak Pandawa poe ieu nu unggul.

Suyudhana kacida amarahna, cocorowokan pajarkeun Bhisma pilih kasih. Lantaran Arjuna incu kinasih Bhisma teu kersa maju ngalayanan Dananjaya ! sareng seueur deui hujatan ka Bhisma ti Suyudhana. Demi Bhisma mah teras wew istirahat di kemahna ;  teu pisan ngawaro ka na cocorowokan Suyudhana nu ngaweweleh anjeunna.

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar