Selasa, 29 Mei 2012

Rumpaka Cinta

Rumpaka Cinta
Cipt. Wiharlan
Voc. Rika Rafika

Duh mani manis imutna
Ka pelet liwey lambeyna
Langeor Keupatna
Cuenah teu weleh kacipta

Salira laksana pujangga
Rayuan racun asmara
Murudul rumpaka cinta
Dalingding wangi katresna

Sanes abdi teu kabita
Aringgis aringgis ukur carita
Sanes abdi tahan harga
Sok inggis sok inggis Akang buaya

Paluar Abdi kagoda
Ku endah rumpaka cinta
Palaur Abdi kabengbat
Rayuan maut salira

Rumpaka rumpaka cinta
Gandrung dipuja puja
Rumpaka rumpaka cinta
Limbung disanjung rasa bagja

http://www.youtube.com/watch?v=dX7Pp48ExKc&feature=share


,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar