Rabu, 23 Mei 2012

Fiksimini - Balayar

Fikmin #Balayar#

Hoang sirineu. Kapal tarik jangkar. Panumpang rajeg di birit kapal. Ngangkleung mingkin nengah dianteur hibarna layung. Ting burilak lambak, ngempur umpal-umpalan. Hiur angin kaburitnakeun, ngabebetah nu balayar. Ngong adan magrib dina sapéker ngagareuwahkeun nu anteng ngalayung. "Mending magrib heula sakalian isa, meungpeung ombak masih lindeuk! Maju ka peuting ombak tambah motah!" Rét ka Si Samsu. "Ari manéh palangan kénéh?" Pokna ka nu gigireun. Si Hamad ukur nyéréngéh. Majar lebar ku ngempur layung. Budalan ti musola Al-Bahar langit mongkléng karungkup peteng. Si Hamad masih ngalangeu dina bangku di buritan. Ngelun ngagulung haseup Dji Sam Soe. "Urang teruskeun deui cangkulan yu!" Pokna. Ngincid muru ka barak. Waktu nérélék ka tengah peuting ombak tambah rosa. Kapal inggeung. Gebret hujan. Ngahudang kakeueung. Ombak mingkin motah ngulinkeun beuteung kapal. Ngeplok. Orolo tukangeun! Orolo gigireun! Solontod si Hamad ngusruk. Borolo utah uger. Kaluar jeung papaitna. Beungeut sepa, panon celong, awak ngadégdég. Kulahék. Nu giras nyungseb ngalempréh. ***

__._,_.___

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar