Kamis, 24 Mei 2012

Fiksimini - Takdirna

Fikmin #Takdir#

Kulisik! Kahudangkeun adan subuh tina sapékér kabin kapal. Rét ka katuhu, Si Samsu tibra. Rét ka kénca, gebeg! Si Hamad suwung. "Nyaring euy! Si Hamad leungit" Manéhna gigisik lulungu. "Téang ka Toilét!" Suwung. Deregdeg ka pantri. Suwung. "Sugan di dék euy?" Suwung ogé. Panumpang di liliwatan ting kecewis. Majar tadi janari aya nu  kababuk gelebugna angin laut di buritan. Tikoséwad ngagujubar, lapur teu kapuluk. Mencrong ka Si Samsu gigireun! Kerung silih pelong. Ratug tutunggulan. "Palangsiang euy?" Kumaha waléh ka kulawargana. Tapi taya pirasat. Rét kana erloji. Waktu terus nyérélék. "Mending subuh heula, engké paluruh deui!" "Heueuh!" ceuk manéhna ngaheruk lewang. Blus ka mushola. Rarat-rérét, ngulincer nanding heulang. Bréh ka juru katuhu shaf pangtukangna. Aya nu ngajentul. Awakna doyong. Sirahna ngeluk. Leungeun kénca malang nahan beuteung rangkebong. Panon mereket peureum. Paroman nahan kaseueul. Leungeun katuhu utak-utek milangan siki tasbé. Sungut ngunyem ngarapal dzikir. Plong! Bungangang. Si Hamad salamet tina sungut hiu. ***

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar