Rabu, 23 Mei 2012

[kisunda] Fiksimini - Tanjung Pérak

Fikmin #Tanjung Pérak#

Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag. Ngulibek hapeuk digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam. Hoang sirineu. Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek hareupeun panto beusi. Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending asar heula. Kapal karek anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad, anteng ngelepus ngulinkeun haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur palangan!" ceuk Si Samsu. Manehna ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul masih cindekul. Gumasép ngotélan mojang gigireun. Hoang hatong ngageroan. Nitah hanjat arék balayar. Gorolong panto beusi diséréd ngenca. Burudul panumpang muru tarajé panghanjatan. "Aduh...!" Si Ibu kaséréd nu jangkung badag. "Emaaa...!" Budak ngocéak kadupak. Séah teu puguh déngékeuneun. Récét lir jogjog anyar meuting. Suruntul nu manggul koper. Ting seledek hayang geura hanjat kana beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut matras pangsaréan. Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka ransel. "Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. ***

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar