Senin, 28 Mei 2012

Bambung Hideung

Mangga kapayuuuun.....

Bambung Hideung
Boro- boro teuing diri gandruuuung
Lahang dicandak ka suka galih
Situ pinuh balong jero
Bebendon sareng bebendu
Mangga salira juag gandruuuung

Awi teh pangajul buah
Lantaran ti kitu
Sora bedil luhur mega paripaos
Teu kaop lepat sakedik
Gandruuuuung
Diri abdi ka jungjunan

Mun Urang eling wiwitan
Tangtu moal kamalinaan
Laku sakabeh aturan
Sagala sareng ugaran

Seni manjang seni wati
Boga pancen anu pasti
Boga ciri nu mandiri
Pikeun ngamumule seni

Ngamumule kasenian
Jasa na sanes lumayan
Komo dianggo hiburan
Ngaraketkeun duduluran

http://www.youtube.com/watch?v=eTWTLRyQm6s&feature=related


,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar